Pangwangunan di Jawa Barat kiwari keur dikonséntrasikeun di tatar
kalér. Kunaon pangna dipuseurkeun di Tatar Kalér? Pangwangunan mémang
teu bisa digarap walatra di unggal wilayah. Dina sela-sela kasibukanna,
Drg. Is Budi Widuri Sekarjati anggota DPRD Jawa Barat Komiwsi D
ngaluangkeun waktu pikeun medar pamendakna.
Pangwangunan di Jawa Barat tahap kadua, RPJP (Rencana Pembangunan
Jangka Panjang) jeung RPJM (Rencana Pembangunan Jangka Menengah) taun
2008 -2013 perelu pisan perhatian anu leuwih, lain ngan saukur
permasalahan nu can réngsé waé tapi pikeun ngantisipasi parobahan dina
waktu ka hareupna. Posisi Jawa Barat nu strategis jeung deukeut ka
ibukota nagara, ngajadikeun Jawa Barat boga fungsi “agent of
development” (agen pangwangunan) dina kamekaran jeung kamajuan sacara
nasional. Ku sabab kitu perelu pisan digarap pangwangunan dina séktor
infrastruktur.
Anggota komisi D – DPRD propinsi Jawa Barat Drg. Is Budi Widuri
Sekarjati nétélakeun yén sabada pangwangunan baheula difokuskeun ka
wilayah Priangan Timur, kiwari pangwangunan keur ditataharkeun sangkan
saimbang di sakabéh wilayah dumasar kana kapentingan jeung pangabutuh
daérahna masing-masing pangpangna pangwangunan dina infrastruktur
(jalan, jambatan, jsb).
“Ayeuna nuju dikonséntrasikeun di daérah Jabar kalér, kumargi seueur
pisan poténsi nu kedah dironjatkeun sareng kedah dirojong ku pamaréntah
kanggo ngamekarkeun kamajuan Jabar kalér” pokna.
Kunaon pangna dikonséntrasikeun ka Jawa Barat kalér?
“Saleresna pangwangunan Jawa Barat téh parantos walatra tur saimbang di
tiap wilayah. Tapi upami ningal kana poténsi sareng mangpaatna Jawa
Barat tatar kalér téh mémang ngagaduhan hal éta. Sanés hartosna wilayah
nu sanés teu diperhatoskeun mung ayeuna memang nuju di fokuskeun heula
saheulaanan ka pangwangunan Jabar tatar kalér” pokna ngajéntrékeun.
Intina dina program pangwangunan, hususna dina infrastruktur di Jawa
Barat téh euweuh nu diheulakeun, kabéh pangwangunan dilaksanakeun sacara
rata tur saimbang di sakabéh wilayah. Tapi dina ngagawéanana digarap
satahap-satahap atawa bagilir, kabeneran taun 2012 ayeuna Jawa Barat
tatar kalér nu pangheulana dimekarkeun dina kamajuan pangwangunanana
kusabab loba pisan kauntungan jeung mangpaat tina sagala séktor.
Saperti dina pangwangunan jalan tol tatar kalér tétéla perelu pisan
diutamakeun upama nilik kana kapentingan jeung mangpaatna keur
masarakat. Jalur transportasi muatan sembako, BBM jeung bahan bangunan
loba pisan nu maké jalur Pantura atawa jalur kalér. Lian ti éta kawasan
kalér téh geus jadi jalur utama transportasi darat antar propinsi.
Katambahan deui ku lobana kawasan industri di tatar kalér nu milu
ngarojong ogé kana proyék pangwangunan. “Anu penting kalangan pelaku
usaha industri ieu kedah terang kana aturan sapertos sarat atanapi
aturan air bersih sareng AMDAL (Analisis Mengenai Dampak Lingkungan)
supados aya mangpaatna kanggo masarakat di sabudeureun kawasan industri
ieu.” Pokna deui.
Ngamekarkeun Jawa Barat Tatar Kalér
Masarakat Jawa Barat bagian kalér kiwari kacatet aya 24.174.072 jiwa
atawa 56 % tina jumlah masarakat Jawa Barat, jadi méh satengahna warga
tatar Jawa Barat téh aya di kalér. Aya sababaraha bagian stratégis anu
merelukeun perhatian pikeun ngalaksanakeun pangwangunan, diantarana dina
ngamangpaatkeun lahan di wilayah kalér jadi alih fungsi lahan pertanian
pangan anu puguh lajuning lakuna, éta téh asalna perluasan kawasan
indsutri jeung pamukiman perkotaan, sarta konflik antara dérah hulu
jeung hilir nu aya patalina jeung kawatesna ku cai beresih jeung cai
keur nginum sarta nu nedunan syarat AMDAL (Analisis Mengenai Dampak
Lingkungan), widang ekonomi IPM (indeks pembangunan manusia) nu masih
handap rata-rata. IPM ieu nurutkeun Is Budi Widuri dibagi tilu bagian
nyaéta; Atikan, kasehatan jeung daya beli masarakat.
Nurutkeun Is Budi Widuri, tahapan rarancang pangwangunan dilarapkeun
dina Perda nu bakal ngatur soal pangwangunan di kawasan Jabar bagian
kalér. Dina raraga ngamekarkeun Jabar bagian kalér, perelu pisan ayana
hukum anu mayungan program ieu mangrupa Perda pikeun ngungkulan konflik
pemanfaatan ruang antara industri, pamukiman, pertanian sarta
pemanfaatan basisir jeung laut.
Kamekaran dua wilayah “metropolitan” di bagian kalér Jawa Barat nyaéta
Metropolitan Bodebek (Bogor, Depok, Bekasi) jeung Cirebon sarta kudu
bisa nyambungkeun tali mimitran antara wilayah hulu - hilir jeung
wilayah wates anu aya patalina jeung sayagian infrastruktur.
Luyu jeung rancangan ngamekarkeun wilayah Jawa Barat kalér, geus
dirancang rencana kawijakan diantarana: kamekaran digarap sacara
“terintegrasi” jeung lintas séktor pikeun ngaronjatkeun karaharjaan
masarakat sarta kamekaran ditujukeun kana séktor prioritas anu basisna
poténsi ayana infrastruktur, sumber daya lahan pertanian pangan anu
“berkelanjutan”, atawa puguh lajuning lakuna. Husus lahan pertanian ieu
dumasar kana program pamaréntah ngeunaan tatar Jawa Barat mangrupa salah
sahiji “Lumbung Pangan Nasional”.
Is Budi Widuri Sekarjati, dokter gigi nu alih profesi jadi politisi
ngahajakeun datang jeung rombongan Pansus ti DPRD ka Karawang dina
raraga kunjungan kerja pikeun pangwangunan Jabar di tatar kalér.
“Alhamdulillah masarakat ogé ngiring ngarojong kana program pangwangunan
ieu, hal ieu jelas ageung pisan pangaruh sareng mangpaatna kana suksés
tur kalancaran program pangwangunan utamina infrastruktur di tatar Jabar
kalér” pokna pinuh kareueus.
Luyu jeung fungsina komisi D – DRPD Jawa Barat ngawidangan sababaraha
widang diantarana waé nyaéta pekerjaan umum, perencanaan, pangwangunan
regional jeung perlindungan lingkungan hidup. Husus di Jawa Barat tatar
kalér pangwangunan regional saperti jalan tol tétéla geus leuwih maju
dibandingkeun jeung wilayah séjénna.
DPRD Jawa Barat dina hal ieu komisi D anu turun langsung ngagarap
pangwangunan keur tatahar pikeun ngawangun bandara internasional
Kertajati di Majalengka. “Kumargi Jawa Barat ayeuna teu acan gaduh
bandara sabada Soekatrno-Hatta jadi milik Banten, nya diusulkeun
diwangun bandara di tatar Jabar kalér.” pokna ngajéntrékeun.
Lian ti bandara, sektor kelautan kabagéan program pangwangunan ogé.
Nyaéta bakal nyieun pelabuan laut anu dipuseurkeun di daérah Karawang.
“Upami sadaya program pangwangunan ieu tiasa ngawujud, insya Alloh
masarakat Jawa Barat langkung gampil ngamangpaatkeun fasilitas
infrastruktur ieu kanggo kapentingan umum. Upami masarakat tos
dipintonkeun aksésna, tangtos bakal gampil kana sagala urusan.” Ceuk
garwa bapa Hardiyono.
Ayeuna lamun geus tinekanan tur ngawujud Bandara Internasional,
Pelabuan Laut jeung Jalur Utama di Jawa Barat nurutkeun Is Budi Widuri,
ka Tatar Sunda bakal loba nu daratang ti unggal kota jeung propinsi.
Maksudna dina hal ieu urang luar Jawa Barat tangtu bakal daratang boh nu
jadi wisatawan, boh nu rék usaha atawa nu ngahajakeun nyuprih élmu di
tatar Sunda.
Ieu dokter gigi lulusan Universitas Indonesia fakultas kedokteran gigi
taun 1992 téh mimiti ngawalan karir pulitikna di taun 1997. Is Budi
Widuri milu ngagabung jeung Partai Keadilan Sejahtera (Baheula PK-Partai
Keadilan kénéh) tur jadi fungsionaris nepika ayeuna.
Ninggalkeun dunya kedokteran tur milih ancrub ka dunya pulitik memang
geus jadi pilihanana sangkan bisa milu ngawangun jeung ngabantu
nyalurkeun rupa-rupa aspirasi ti masarakat.
Ibu ti 7 putra ieu, kungsi mancen tugas di komisi E DPRD Jawa Barat nu
salah sahiji program kerjana widang kasejahteraan, kaséhatan,
pemberdayaan perempuan jeung sajabana. Kungsi milu ngagarap jeung
nyukseskeun program Puskesmas PONED (Pelayanan Obstetric Neonatal
Emergensi Dasar) nyaéta Puskesmas nu bisa méré layanan kaséhatan jeung
ngungkulan kasus-kasus kegawatdaruratan obstretrik jeung neonatal
tingkat dasar. Biasana keur para ibu nu rék ngalahirkeun.
“Alhamdulillah Puskesmas Poned ieu parantos aya di 26 kota sareng kabupaten di Jawa Barat” pokna deui.
Kahareupna program layanan Puskesmas PONED ieu dipiharep bisa sumebar
sacara walatra ka tiap-tiap kota jeung kabupaten nu aya di Jawa Barat.
Harepan Drg. Is Budi Widuri Sekarjati ka masarakat Jawa Barat sangkan
bisa milu ngarojong program pamaréntah utamana dina pangwangunan pikeun
kalancaran jeung suksésna pangwangunan daérah nu hasilna bakal karasa
mangpaatna ku masarakat demi kamajuan Jawa Barat.*