Majalah Mangle - www.mangle-online.com - Majalah Mangle Versi Digital - e-mangle e-Mangle: Maribaya Mungkas Carita

Kamis, 02 Mei 2013

Maribaya Mungkas Carita

Carpon Yogi Yogaswara Y

Ah tiiseun. Bi Inah jeung Mang Rustam wé batur pakumaha di Imah téh. Rajeun guder, ku nu paséa. Matak indit wé ah ka Maribaya, niiskeun pikir. Deukeut ieuh ah.
Anjog ka Maribaya téh hayang cacarita. Rék miceun ruruhit nu rangseb, nyuat kabingung nu galécok waé. Emh, langit gé rangkedung ceudeum, nyéahkeun peurah manceran nu kuduna karasa harita. Naha kapeurih téh tingbelesat waé? Teu wasa. Kuring teu wasa nyanghareupanana. Sugan wé Maribaya daék mairan. Ngabeberah rasa nu rangsak ngabangkarak. Ngubaran tatu nu raca salelembutan.
Gerentes mah haben jul-jol mapatahan, ngalelempeng tangtungan nu mo katahan nyimpangna. Haduh, kuring humarurung lebah Maribaya nu jangji rék népakeun bagja.  
Teuteup mah sieup. Bareng srog anjog ka Curug Omas. Lewangna karasa, ngan asa ngalenyap nunutur wirahma sora cai jeung nyelecepna hawa. Awak beueus, kacérétan cai nu sugan wakca, mukakeun jalan inditna kahariwang jeung katugenah nu ampeg nindihan.
Taya tangan pangawasa. Da kuring mah ukur budak. Budak nu kakara engeuh kana kahirupan dunya brana ngan satapak peucang. Naha maranéhna téh teu nempoeun kitu? Kuring nu sakitu butuh ku maranéhna. Ka mana? Unggal poé ngan anteng sorangan. Teu paduli ka kuring.
Nu ngaranna kolot mah kudu ngarti ka budak. Perhatian jeung kanyaah anu ku urang dipikabutuh mah, lain harta banda. Heueuh-heueuhna mah, usaha satékah polah ti isuk jedur nepi peuting téh keur kuring. Tapi, lain hartina mopohokeun kuring. Unggal poé tugur wahangan nunungguan indung jeung bapa balik téh, euweuh gunana. Dibohongan waé kuring téh.
“Muhun bageur, bunda wangsul siang kénéh. Antosan, teu kénging ka mana-mana nya!” kitu cenah bunda téh ngajangjian dina telepon.
  Ngajejengkruk, ti balik sakola mula. Usik malik lajag-lijig di imah, nu didadago téh bet angger teu datang. Mana, bohong deui-bohong deui geuning. Moal percaya deui kuring mah, kabéh gé saruana. Bapa mah komo tara nanya-nanya acan mun balik téh. Dianggap naon atuh kuring téh. Lain anakna kitu, atawa teu dipiharep ngagubrag ka dunya. Teu kaharti.
Anteng ngalangeu. Ngulampreng ngangon kaketir ati nu kokoléaban. Sagala karasa. Asa sorangan hirup téh. Boroning boga batur ngabudalkeun kasusah, jalma di imah gé geus teu paduli rék hirup rék maotna kuring.
Teuteup kuring kemba, ngan museur kana dangdaunan nu angkleung-angkleungan kabawa cai curug nu ngaguludag. Hayang téh palid cara daun, mun geus ngarangrangan mah muguran ninggalkeun tangkalna.
Pusing karasana. Rajeun aya di imah hayoh wé paraséa, paréa-réa omong kabeukina téh. Leuheung mun nu diomongkeun téh masalah urang. Tapi, da lain. Can kungsi ngolébat meureun ka kuring mah. Dur der téh ngan masalah salingkuhan wé. Unggal panggih, unggal paasrog di imah tara kaliwat. Matak teu anéh, nempo indung dicabok, diteunggeul ku bapa mah. Sakapeung sok tara téga, hayang teuing ngabéla. Ngan kaambek bapa nu ngabebela téh kadang nyieun kuring murengked. Sieun dikukumaha, da geuning kitu bapa mah mun geus ambek tara nempo saha nu disanghareupanana, jangji gabret waé neunggeul jeung nyabok téh.                                         
Heueuh da bapa kuring mah galak timburu. Teu kaop nempo indung babarengan jeung lalaki séjén. Padahal mah kapan bosna éta téh. Daék teu daék ari jadi sekretaris pribadi mah kitu meureun. Ka mana-mana gé kudu babarengan. Naha baheula diijinan atuh.
Kuring teu eureun-eureun ngagerendeng, ngabudalkeun kakeuheul jeung kahanjakal kana kaayaan kolot anu jiga kitu ayeuna. Beledag-beledag. Teu karasa leungeun kuring haben neunggeulan sasak luhureun curug. Haté campuh nahan kapeurih hirup. Ngolébat waé, mun bunda jeung bapa ngantep kuring. Inget waé, basa paraséa tuluy bunda dicabok ku bapa. Rarasaeun waé, mun di sakola sok ngalangeu sorangan. Euweuh batur cacarita jeung ngabudalkeun beban diri. Nyeri haté kuring mah. Gusti teu adil. Teu nyaaheun ka kuring. Kuring mah teu jiga batur nu hirupna pinuh ku mamanis jeung kasugemaan. Enya gé kuring beunghar tapi da teu bagja. Asana téh kurang wé mun kabéh jalma pangeusi imah jiga kitu. Beuki lila cicing di curug, ceuli téh asa ngadéngé gerendeng anu béda. Lain sora ngaguludagna curug. Tapi ieu sora teu biasa. Sora nu ngajak kuring ngajleng ka handap.
“Hayu Jang turun ka dieu tuturkeun aki! Di dieu mah bakal bagja teu cara di dunya.“ cék aki-aki maké baju bodas ngalangkang bari ngagupayan.
“Saha éta?” cék kuring bari ngagorowok da geuning aki téh lalaunan beuki turun ka handap.                   
“Hayu Jang ka dieu tuturkeun aki gancang! Hayu Jang!” Témbal aki bari terus ngagupayan.          
Sora téh beuki jauh kadéngéna. Beuki leutik, beuki leutik. Les wé tungtungna mah geus teu kadéngé deui. Ngan kari gupay aki-aki anu geus nugguan luhureun ngaguludagna cai.
“Geuning Si Aki téh bisa napak dina cai?” kuring ngalengo bari melong ka handap.
Panasaran. Raga téh asa kabetot hayang nuturkeun. Asa beuki anteb hayang turun lamun geus ngalengo ka handap téh. Asa aya tanaga anu nambahan nyurungkeun. Lengo deui asa sieun. Tapi hayang nuturkeun ka handap. Naék wé kuring téh kana pipinding sasak. Bareng rék ngalengo deui ka handap.
“Adénnn... Adén...ulah Adén ulah, kadé éta tikoséwad, aduhhhhh!” Aya sora gogorowokan bari tuturubun ti tungtung sasak.
Asa wawuh éta sora. Ana dilieuk. Aéh naha Mang Rustam nyusul ka dieu.
“Aya naon Mang?” Cék kuring ngagorowok.
“Éta Adén badé naon? Mamang lungsé yeuh lulumpatan nénéangan Adén.” Témbal Mang Rustam bari rénghap-ranjug.
“Keur naon atuh Mang ditétéangan, Bunda jeung Bapa gé teu paduli jiga Mamang ka kuring.” Témbal kuring bari umangkel nahan kakeuheul.
“Ulah kitu Dén, puguh ieu Bunda, Dén, Bundaa!” Cék Mang Rustam bari pepereket nyekel leungeun kuring.
“Naon lah Bunda Bunda, karep teuing Mang. Paling paséa deui nya? Bosen ah. Antep wé.”           
“Ké heula Dén ieu masalahna darurat, Ibu téh labuh tina tangga. Cék Bi Inah mah disurungkeun cenah ku Bapa pédah tadi paséa rongkah.” Mang Rustam ngadarégdég.
“Nu bener Mang? Si Panji goblog, paéhan geura ku aing.” Cék kuring bari keuheul.
“Atos lah ulah seueur saur dén, hayu urang mulang..”
“Hayu buru Mang.”
Kuring jeung Mang Rustam lumpat sakalumpat-lampét muru kana mobil di panto asup ka Maribaya. Teu sirikna rék ngelepek Mang Rustam mah, da mindo lulumpatan jiga kieu téh. Panto mobil ngagebrug, Mang Rustam ngaberung sangkan geura-geura nepi ka Imah.
***

Barang rék nepi ka Imah, haté campuh paselang jeung sedih. Komo pas nempo Mobil bodas kaluar ti gerbang Imah bari ngaguguik tarik mah. Ratug tutunggulan.
“Bunda, Mang, Bunda. Buru Mang tuturkeun, hayu buru!” Cék kuring bari humarurung.
“Muhun Dén. Tapi ké heula, geuning itu Bapa dikaléng ku  jalma maké baju dines coklat, diataékkeun kana mobil deuih Dén.”
Ana dirérét. Bener bapa téh aya nu mawa. Kuring tungkul nahan kapeurih.
“Naha kudu kieu kitu pungkasna?” Gerentes kuring bari ngeclakeun cimata.***
Pangrumasan, Maret 2013

0 komentar:

Posting Komentar