Majalah Mangle - www.mangle-online.com - Majalah Mangle Versi Digital - e-mangle e-Mangle: 2012

Senin, 17 Desember 2012

Pangwangunan Jawa Barat Tatar Kaler
Perlu Pangrojong ti Masarakat


Pangwangunan di Jawa Barat kiwari keur dikonséntrasikeun di tatar kalér. Kunaon pangna dipuseurkeun di Tatar Kalér? Pangwangunan mémang teu bisa digarap walatra di unggal wilayah. Dina sela-sela kasibukanna, Drg. Is Budi Widuri Sekarjati anggota DPRD Jawa Barat Komiwsi D ngaluangkeun waktu pikeun medar pamendakna.


Pangwangunan di Jawa Barat tahap kadua, RPJP (Rencana Pembangunan Jangka Panjang) jeung RPJM (Rencana Pembangunan Jangka Menengah) taun 2008 -2013 perelu pisan perhatian anu leuwih, lain ngan saukur permasalahan nu can réngsé waé tapi pikeun ngantisipasi parobahan dina waktu ka hareupna. Posisi Jawa Barat nu strategis jeung deukeut ka ibukota nagara, ngajadikeun Jawa Barat boga fungsi “agent of development” (agen pangwangunan) dina kamekaran jeung kamajuan sacara nasional. Ku sabab kitu perelu pisan digarap pangwangunan dina séktor infrastruktur.
MangleUpaya Jawa Barat dina mekarkeun pangwangunan dina sagala séktor, kiwari keur dilaksanakeun. Malah mah salila tilu taun ieu pangwangunan Jawa Barat karasa ngaronjat ajénna tur geus kaasup pangwangunan paling alus jeung maju.
Anggota komisi D – DPRD propinsi Jawa Barat Drg. Is Budi Widuri Sekarjati nétélakeun yén sabada pangwangunan baheula difokuskeun ka wilayah Priangan Timur, kiwari pangwangunan keur ditataharkeun sangkan saimbang di sakabéh wilayah dumasar kana kapentingan jeung pangabutuh daérahna masing-masing pangpangna pangwangunan dina infrastruktur (jalan, jambatan, jsb).
“Ayeuna nuju dikonséntrasikeun di daérah Jabar kalér, kumargi seueur pisan poténsi nu kedah dironjatkeun sareng kedah dirojong ku pamaréntah kanggo ngamekarkeun kamajuan Jabar kalér” pokna.
Kunaon pangna dikonséntrasikeun ka Jawa Barat kalér?
“Saleresna pangwangunan Jawa Barat téh parantos walatra tur saimbang di tiap wilayah. Tapi upami ningal kana poténsi sareng mangpaatna Jawa Barat tatar kalér téh mémang ngagaduhan hal éta. Sanés hartosna wilayah nu sanés teu diperhatoskeun mung ayeuna memang nuju di fokuskeun heula saheulaanan ka pangwangunan Jabar tatar kalér” pokna ngajéntrékeun.
Intina dina program pangwangunan, hususna dina infrastruktur di Jawa Barat téh euweuh nu diheulakeun, kabéh pangwangunan dilaksanakeun sacara rata tur saimbang di sakabéh wilayah. Tapi dina ngagawéanana digarap satahap-satahap atawa bagilir, kabeneran taun 2012 ayeuna Jawa Barat tatar kalér nu pangheulana dimekarkeun dina kamajuan pangwangunanana kusabab loba pisan kauntungan jeung mangpaat tina sagala séktor.
Saperti dina pangwangunan jalan tol tatar kalér tétéla perelu pisan diutamakeun upama nilik kana kapentingan jeung mangpaatna keur masarakat. Jalur transportasi muatan sembako, BBM jeung bahan bangunan loba pisan nu maké jalur Pantura atawa jalur kalér. Lian ti éta kawasan kalér téh geus jadi jalur utama transportasi darat antar propinsi.
Katambahan deui ku lobana kawasan industri di tatar kalér nu milu ngarojong ogé kana proyék pangwangunan. “Anu penting kalangan pelaku usaha industri ieu kedah terang kana aturan sapertos sarat atanapi aturan air bersih sareng AMDAL (Analisis Mengenai Dampak Lingkungan) supados aya mangpaatna kanggo masarakat di sabudeureun kawasan industri ieu.” Pokna deui.
Ngamekarkeun Jawa Barat Tatar Kalér
Masarakat Jawa Barat bagian kalér kiwari kacatet aya 24.174.072 jiwa atawa 56 % tina jumlah masarakat Jawa Barat, jadi méh satengahna warga tatar Jawa Barat téh aya di kalér. Aya sababaraha bagian stratégis anu merelukeun perhatian pikeun ngalaksanakeun pangwangunan, diantarana dina ngamangpaatkeun lahan di wilayah kalér jadi alih fungsi lahan pertanian pangan anu puguh lajuning lakuna, éta téh asalna perluasan kawasan indsutri jeung pamukiman perkotaan, sarta konflik antara dérah hulu jeung hilir nu aya patalina jeung kawatesna ku cai beresih jeung cai keur nginum sarta nu nedunan syarat AMDAL (Analisis Mengenai Dampak Lingkungan), widang ekonomi IPM (indeks pembangunan manusia) nu masih handap rata-rata. IPM ieu nurutkeun Is Budi Widuri dibagi tilu bagian nyaéta; Atikan, kasehatan jeung daya beli masarakat.
Nurutkeun Is Budi Widuri, tahapan rarancang pangwangunan dilarapkeun dina Perda nu bakal ngatur soal pangwangunan di kawasan Jabar bagian kalér. Dina raraga ngamekarkeun Jabar bagian kalér, perelu pisan ayana hukum anu mayungan program ieu mangrupa Perda pikeun ngungkulan konflik pemanfaatan ruang antara industri, pamukiman, pertanian sarta pemanfaatan basisir jeung laut. 
Kamekaran dua wilayah “metropolitan” di bagian kalér Jawa Barat nyaéta Metropolitan Bodebek (Bogor, Depok, Bekasi) jeung Cirebon sarta kudu bisa nyambungkeun tali mimitran antara wilayah hulu - hilir jeung wilayah wates anu aya patalina jeung sayagian infrastruktur.
Luyu jeung rancangan ngamekarkeun wilayah Jawa Barat kalér, geus dirancang rencana kawijakan diantarana: kamekaran digarap sacara “terintegrasi” jeung lintas séktor pikeun ngaronjatkeun karaharjaan masarakat sarta kamekaran ditujukeun kana séktor prioritas anu basisna poténsi ayana infrastruktur, sumber daya lahan pertanian pangan anu “berkelanjutan”, atawa puguh lajuning lakuna. Husus lahan pertanian ieu dumasar kana program pamaréntah ngeunaan tatar Jawa Barat mangrupa salah sahiji “Lumbung Pangan Nasional”.
Is Budi Widuri Sekarjati, dokter gigi nu alih profesi jadi politisi ngahajakeun datang jeung rombongan Pansus ti DPRD ka Karawang dina raraga kunjungan kerja pikeun pangwangunan Jabar di tatar kalér. “Alhamdulillah masarakat ogé ngiring ngarojong kana program pangwangunan ieu, hal ieu jelas ageung pisan pangaruh sareng mangpaatna kana suksés tur kalancaran program pangwangunan utamina infrastruktur di tatar Jabar kalér” pokna pinuh kareueus.
Luyu jeung fungsina komisi D – DRPD Jawa Barat ngawidangan sababaraha widang diantarana waé nyaéta pekerjaan umum, perencanaan, pangwangunan regional jeung perlindungan lingkungan hidup. Husus di Jawa Barat tatar kalér pangwangunan regional saperti jalan tol tétéla geus leuwih maju dibandingkeun jeung wilayah séjénna.
DPRD Jawa Barat dina hal ieu komisi D anu turun langsung ngagarap pangwangunan keur tatahar pikeun ngawangun bandara internasional Kertajati di Majalengka. “Kumargi Jawa Barat ayeuna teu acan gaduh bandara sabada Soekatrno-Hatta jadi milik Banten, nya diusulkeun diwangun bandara di tatar Jabar kalér.” pokna ngajéntrékeun.
Lian ti bandara, sektor kelautan kabagéan program pangwangunan ogé. Nyaéta bakal nyieun pelabuan laut anu dipuseurkeun di daérah Karawang.
“Upami sadaya program pangwangunan ieu tiasa ngawujud, insya Alloh masarakat Jawa Barat langkung gampil ngamangpaatkeun fasilitas infrastruktur ieu kanggo kapentingan umum. Upami masarakat tos dipintonkeun aksésna, tangtos bakal gampil kana sagala urusan.” Ceuk garwa bapa Hardiyono.
Ayeuna lamun geus tinekanan tur ngawujud Bandara Internasional, Pelabuan Laut jeung Jalur Utama di Jawa Barat nurutkeun Is Budi Widuri, ka Tatar Sunda bakal loba nu daratang ti unggal kota jeung propinsi. Maksudna dina hal ieu urang luar Jawa Barat tangtu bakal daratang boh nu jadi wisatawan, boh nu rék usaha atawa nu ngahajakeun nyuprih élmu di tatar Sunda.
Ieu dokter gigi lulusan Universitas Indonesia fakultas kedokteran gigi taun 1992 téh mimiti ngawalan karir pulitikna di taun 1997.  Is Budi Widuri milu ngagabung jeung Partai Keadilan Sejahtera (Baheula PK-Partai Keadilan kénéh) tur jadi fungsionaris nepika ayeuna.
Ninggalkeun dunya kedokteran tur milih ancrub ka dunya pulitik memang geus jadi pilihanana sangkan bisa milu ngawangun jeung ngabantu nyalurkeun rupa-rupa aspirasi ti masarakat.
Ibu ti 7 putra ieu, kungsi mancen tugas di komisi E DPRD Jawa Barat nu salah sahiji program kerjana widang kasejahteraan, kaséhatan, pemberdayaan perempuan jeung sajabana. Kungsi milu ngagarap jeung nyukseskeun program Puskesmas PONED (Pelayanan Obstetric Neonatal Emergensi Dasar) nyaéta Puskesmas nu bisa méré layanan kaséhatan jeung ngungkulan kasus-kasus kegawatdaruratan obstretrik jeung neonatal tingkat dasar. Biasana keur para ibu nu rék ngalahirkeun.
“Alhamdulillah Puskesmas Poned ieu parantos aya di 26 kota sareng kabupaten di Jawa Barat” pokna deui.
Kahareupna program layanan Puskesmas PONED ieu dipiharep bisa sumebar sacara walatra ka tiap-tiap kota jeung kabupaten nu aya di Jawa Barat.
Harepan Drg. Is Budi Widuri Sekarjati ka masarakat Jawa Barat sangkan bisa milu ngarojong program pamaréntah utamana dina pangwangunan pikeun kalancaran jeung suksésna pangwangunan daérah nu hasilna bakal karasa mangpaatna ku masarakat demi kamajuan Jawa Barat.*

Read more »

Selasa, 04 Desember 2012

Read more »

Senin, 03 Desember 2012

Tabloid Otomotif Menyajikan Sejarah dan perkembangan
Scooter & Sooter Matic di Indonesia

Read more »

Read more »

Sabtu, 01 Desember 2012

Majalah Mangle versi Digital

klik link dihandap ieu kanggo ningal e-mangle
e-mangle

Read more »