Seni angklung nanjeur di nagara-nagara deungeun
Seni angklung di Malaysia diajarkeun di sakola-sakola, Malaysia ogé
ngayakeun pasanggiri angklung unggal taun. Kumaha di urang? Kitu deui
urang Jepang bisa ngahirupkeun, ngamumulé seni angklung. Teu anéh mun
barudak sakola di Malaysia jeung Jepang motékar dina maénkeun angklung.
Lain angklung waé nu di popohokeun ku urang Sunda, malah gamelan gé
jadi asing keur generasi ngora mah. Nu anéh mah, kunaon seni ieu téh
nanjeur di nagara-nagara deungeun. Urang-urang deungeun mupusti,
ngamumulé ka seni urang. Malah sabalikna seni nu sorangan di tanggongan.
Jadi mun loba kasenian uran nu diaku ku deungeun-dengeun, teu kudu
ambek. Anggur urang introspéksi diri, na salila ieu urang merhatikeun
kan banda sorangan? Cék para ahli mah, cenah krisis multidimensional
kiwari téh kualatan bangsa urang geus teu ngupama jeung teu miroséa deui
budayana sorangan. Ayeuna jati kasilih ku junti.
Manggihan fakta nu pikaanéheun, di nagara Prancis salah sahiji nagara
adi-daya dina widang tehnologi. Mun nilik kana sajarah jeung budaya mah
teu apa patula-patalina jeung nagara Indonésia. Tapi anéhna bisa
nempatkeun gamelan Sunda di tempat géngsi. Percaya atawa henteu Perancis
kungsi ngabéwarakeun “Taun Gamelan 2002”. Ngarah gamelan nanjeur,
pamarentah Prancis dina taun 2002/2003 milih musik gamelan jadi
palajaran wajib di sakola-sakola.
Musik gamelan mémang tempatna di oprea-oprea sandiwara,
tongtonan-tontonan musik telepisi (saluran FR3) radio Prancis (France
Culturea). Musik gamelan jadi musik instrumént di telepisi jeung radio
di Prancis.
Program musik gamelan di Prancis di mimitian di Musee d I home nu
ayeuna sumebar ka Cite de I Musique, nyaéta komplek musik nu diwangun
taun 1983 Pare de la Villette, kagiatan ieu di subsidi ku pamaréntah,
waragadna kira-kira 16 milyar euro sataunna.
Kitu deui di nagara Paman Sam, gamelan Sunda dipiwanoh ku para
mahasiswa, atawa kalangan akademisi. Amerika Serikat mibanda 300
perangkat gamelan nu sumebar di sababaraha paguron. Jeung deui aya
sakola husus nu neuleuman gamelan. Ti sajaba éta ogé USA ngirimkeun
murid-murid pikeun neuleuman musik-musik tradisional ka Indonésia.
Mr. Toni salah saurang donatur ti Hawai, ngabagikeun gamelan degung ka
sababaraha paguron di Amerika Serikat, saperti paguron Pitsburgh,
Georgia, Bates College, Cangon, Ohio, California. Malah Andrew dosén di
Pitsburgh geus kabéngbat ku seni Sunda, cenah rék ngadegungkeun laras
saléndro, pédah ari gamelan Jawa larasna salendro. Di Santa Cruz
Univercity California, aya 120 mahasiswa ti rupa-rupa jurusan milu
neuleuman gamelan Sunda. Malah Santa Cruz mah mindeng disebut “lemburn
Sunda” pédah kuatna kana kasenian geus jadi Sunda. Nurutkeun para dosén,
mahasiswa ti Barat datang ka Bandung pikeun neuleuman degung, “Ayeuna
degung geus jadi perhatian urang Amerika, jeung degung ayeuna geus jauh
ti urang Sunda.”
Di Ustrali gamelan degung dipikaresep, malah Malbourne jeung Sydney mah
geus aya grup degung. Di Ustrali néangan informasi ngeunaan kasundaan
teu iyeuh susah, datang wéh cenah ka radio Bay di kota Byron Bay. Atawa
bisa ngadatangan paguron-paguron luhur di Ustrali, informasi ngeunaan
kasundaan lengkep pisan. Kitu deui néangan alat gamelan, di unggal
paguron nyampak gamelan degung. Bandingkeun jeung di lembur sorangan,
nyampak gamelan gé di gudang nu geus pacampur jeung barang-barang urut.
Mun di tatar Sunda nu diajar degung téh réana ibu-ibu atawa gadis-gasid
di lembur, di Ustralia nu diajar degung téh ti kalangan profesi saperti
dokter, pangacara, akademisi, mahasiswa, pelajar. Pikeun urang Barat
mah musik geus mangrupa kabutuhan. Teu paduli musik datangna ti nagara
antarah barantah.
Nu matak katajina, sikep deungeun-deungeun dina ngahargaan budaya
urang, lain waé diajar neuleuman degung, wayang, tari sunda tapi ogé
tambang Sunda. Maéstro tembang Sunda Euis Komariah di ulem ka sababaraha
paguron di Amerika Serikat, bakat ku hayang pisan diajar tembang Sunda.
Kajadian ieu asa can pernah di paguron di Indonésia.
Ngan saukur di pirig ku kacapi indung,r incik, suling haleuang ibu Elis
nepika tiasa nyirep panonton nu haladir, boh kalangan akademisi, pon
kitu deui masarakat. Sanajan musik jeung tembang asing keur manéhna mah
asing. Tapi musik tradisional ieu bisa nembres kana rasa nu universal.
Malah ibu Elis ngadongéngkeun, aya istri di Sattle nepi ceurik
balilihan. Bari pageuh nyepengan panangan ibu Elis, anjeuna nyarios, “Oh
mam, my heart is broken.”
Aya bungan pacampur jeung sedih, bungah pédah kasenian urang warisan
karuhun bisa nanjeur di negri deungeun, sedih kunaon kasenian
tradisional téh geus dipopohokeun ku urang Sundana sorangan. Kumaha mun
isuk jaganing geto, dina buku sajarah aya hiji catetan nu nyebutkeun,
Jawa Barat daérah nu sabagéan gedé dicicingan urang Sunda, beunghar ku
budaya. Tapi kiwari geus euweuh dikieuna, lantaran urang Sundana geus
teu resepeun kana budayana. Malah anak –incuna mun rék diajar neuleuman
kasenian Sunda téh kudu ka Amerika Serikat, Ustrali, Eropa. Cag. ***
0 komentar:
Posting Komentar