Majalah Mangle - www.mangle-online.com - Majalah Mangle Versi Digital - e-mangle e-Mangle: 2013

Senin, 27 Mei 2013

Pangalaman Assep Yusuf;

Ti Lamping Gunung Galunggung
ka Sisi Walungan Musi

Kénging Rumpaka M-Online
Mangle


Sok inget basa keur leutik, lamun peuting teu daék saré heg ngadéngé sora kutuk kutuk, ema kuring sok nyarios kieu : “ Halik siah ulah deukeut deukeut ka dieu! Kaditu ka sabrang ka Palembang!“.
Tuluy kuring dipépéndé bari panangannana ngusapan sirah kuring. Ucapan ka sabrang ka Palembang téh rupana mah dipaké pikeun ngusir jurig supaya nyingkah jauh ka Palembang. Kutuk kutuk atawa burung hantu sok dipikasieun, cenah mah lamun peuting disada dina suhunan imah, éta téh cirén yén bakal mawa panyakit atawa bakal aya anu maot.
Sanggeus déwasa, kecap ka sabrang ka Palembang téh sok dipelesétkeun kieu “Ka sabrang ka Palembang ari balik mawa kurupuk”.
Kuring lahir di  Cikeleng Singaparna dilamping gunung Galunggung 72 taun ka tukang. Bapak kuring mingpin pasantren anu harita mah kacida kasohorna. Hanjakal tahun 1948 jaman gorombolan DI/TII kaamanan téh beuki  gawat.  Bapa kuring diculik, terus dimaotan cenah pédah teu keresaeun ngagabung ngadegkeun Nagara Islam.
Ti harita kahirupan kulawarga kuring jadi  balangsak. Titinggalan Bapak seep digarong, euweuh anu nyésa, imah jeung pasantrén diduruk nepi ka ludes. Ema ngungsi ka kampung Sukawangi.  Ari kuring dicandak ku Ua ka kota Garut, disakolakeun bari dididik hirup mandiri misah ti indung jeung  dulur dulur,  maklum kuring téh kaasup budak ogo. Alhamdulillah alpukahna didikan Ua kuring bisa nyaluyukeun diri jeung kahirupan kota. Saterusna sanggeus tamat SR kuring  dibawa ku lanceuk ka Jakarta.  Ngan nyaéta lanceuk kuring téh saukur nyaah, hayang nyakolakeun tapi teu kabiayaan.  Kakara tilu bulan asup SMP swasta dikaluarkeun lantaran teu bisa mayar udunan sakola. Kuring dikaluarkeun bari ijasah SR kuring ditahan, tuluy kuring pindah ka sakola anu leuwih murah  bayaranmana, nyaeta sakola Taman Siswa di daerah Utan Kayu. Isuk-isuk kuring sakola, ari soréna dagang roko dipalebah Biokop Menteng nepi ka jam 12 peuting. Dua tahun kuring milu lanceuk ngumbara di Jakarta. Tapi ku lantaran ékonomi kulawarga anu dipiluan téh amburadul, malah nepi ka pepegatan rumah tanggana, nya saterusna  kuring milu jeung lanceuk anu aya di Bandung nepi ka tamat SMP,  tapi ngan saukur tamat SMP da euweuh anu biayanana téa.
Dina mangsa pangangguran téh kuring wawawuhan jeung siswa PGA Putri  anu kost di imah lanceuk. Ah da meureun geus kitu takdirna ahirna kudu ngajodo, batu turun keusik naék téa, sanajan kungsi papisah dua tahun ogé basa manéhna pindah neruskeun sakola di Jogya. Lantaran geus jodona téa meureun, nya dina tahun 1962 kuring ka balé nyungcung. Padahal harita téh kuring can boga gawé anu maneuh, ngan ukur mimilu babantu ka mitoha sagawé-gawé.
Untung boga mitoha téh bageur. Keun baé cenah sugan engké aya milikna! Ari mitoha téh patani nu basajan, anu patuh ka ajengan, murid KH. Zenal Mustofa Sukamanah anu kasoror ngalawan Jepang téa. Malahan anjeuna téh saurna  kungsi nyantri di pasantren Bapa kuring di Pasantren Cikeleng.
Teu kapikir ti méméhna, yén kuring bakal jadi warga Palembang. Harita téh tahun 1968, bakat ku poékeun pikir dina néangan pakasaban, ahirna kuring ngumbara ka Palembang. Pikir harita, moal enya geus boga anak tilu can panggih jeung pacabakan anu nyukupan keur ngabayuan  rumah tangga. Untungna pamajikan téh PNS guru agama Islam, tapi da kuring ogé boga ka éra mah, moal enya terus terusan nyalindung kagelung, numpang di perumahan Mertua Indah.
Hiji waktu mitoha kuring nyarios kieu: ”Cing atuh Sep ka ditu ka Palembang, sugan baé panggih jeung milik, geuning tuh Kai Kili, Jang Sopyan, jang Holik kaparanggih rejekina ngiriditkeun di Palembang téh. ”
Ngadangu cariosan mitoha kitu téh, kuring mikir, enya meureun sakumaha dawuhan Alloh dina surat Ar-Ra’du ogé. Alloh moal ngarobah hiji kaum, lamun éta kaum henteu ngarobah nasibna sorangan.
Tapi kumaha atuh da indit ka Palembang téh kudu maké ongkos jeung mawa modal.
Kuring badami jeung pamajikan, yén kuring boga niat rék ngumbara ka Palembang. Keur ongkos jeung modalna kuring balaka rék nginjeum mesin jahit kameumeutna, rék dijual. Untungna pamajikan téh ngidinan ngajual mesin jahit,   nya alhamdulillah mesin jahit téh payu Rp. 10.000,-
Tah palebah mesin jahit téh aya sajarahna anu kacida jadi kapiinget kuring. Basa Nini kuring pupus.
Kuring kabagéan warisan duit lima rébu rupiah. Padahal rarasaan mah kuring téh salah saurang incuna anu dipikanyaah ku anjeunna.
Nini kuring téh kagungan putra dua, nyaéta Bapa kuring  jeung Bibi anu teu kagungan katurunan. Atuh warisan ti Nini anu ngan saeutik téh dibagi rata ka 16 urang incuna palaputra Bapa ti lima istri. Ma’lum pun Bapa téh seueur istrina da cenah ajengan jaman harita mah ngawayuh téh jadi bukti sukses kahirupan.
Tah éta duit anu lima rébu pérak téh ditambahan ku duit pamajikan dibeulikeun kana mesin jahit.
Jadi kuring indit ka Palembang téh mawa modal warisan ti Nini jeung duit tambahan ti pamajikan ladang ngajual mesin jahit séken téa.
Pondok carita kuring indit ka Palembang, sorangan. Ti Tasik naék beus ka Merak, ti Merak milu kana kapal PJKA nyebrang ka Pelabuhan Panjang, ti dinya naék kareta api ka Kertapati Palembang. Kareta api jaman harita mah lokomotipna masih kénéh maké batubara, atuh datang ka Kertapati téh baju jadi tambah kotor  pinuh ku kekebul. Nu dijugjug téh batur salembur kelompok tukang kiridit di Lorong Tangga panjang 7 Ulu. Maranéhannana kagéteun kuring datang sosoranganan, nya  kuring balaka baé yén kuring téh rék milu ngagabung jadi tukang kiridit, ménta pangjeujeuhkeun kumaha carana.
Duit anu sapuluh réwu ladang mésin jahit téh tinggal tujuh rébu da dipaké ongkos nyebrang. Isukna kuring dibawa ka toko Si Portung di 7 Ulu, diwawuhkeun ka tokéna, yén aya batur rék milu dagang kiridit, duit anu 7 réwu téh disérénkeun ka Si Toke.  Si Toke méré barang kayaning piring, panci termos, gelas, émbér, katél jeung sajabana, pangaji kana genep belas rébuan. Ari anu jadi “daerah kerja” téh  kapilih daérah Plaju, da cenah di Plaju téh loba karyawan Pertamina anu  panghasilannana leuwih gedé ti batan daérah lianna. Ti pasar 10 Ulu ka Plaju  kuring naék oplét ketek, turun di hareupeun Jalan Gaya Baru anu engkéna bakal jadi tempat kuring ngawangun rumah tangga ngadidik anak jeung interaksi jeung masarakat setempat. Ti lebah dinya pisan kuring mimiti  nanggung barang anu beuratna  leuwih ti sakuwintal. Waduh . . .  lain ngan ukur beurat, tapi éta ku érana jeung wegahna. Atuda saumur-umur can pernah diajar nanggung barang. Pikir téh, moal enya putra ajengan nanggung barang kiriditan.
Tapi wegah-wegah ogé dipaksakeun baé, lantaran kajurung ku kabutuh téa. Mimitina mah beurat nanggung téh, unggal tihang listrik eureun unggal tihang listrik eureun ngéncadkeun tanggungan, nepi ka hiji imah disimpangkeun ku salah saurang calon langganan, sihoréng manéhna téh merhatikeun kuring ti kajauhan, manéhna ngomong kieu “Sini mampir Mang, pecaknyo bukan tukang kridit biaso, kok mikulnyo pecak susah nian”. Ku kuring dijelaskeun yén kuring keur diajar mikul, jadi tukang kiridit kakara poé ieu. Sigana manéhna karunyaeun, tungtungna manéhna ménta gelas salosin jeung piring satengah losin. Sanggeus méré duit muka kuring neruskeun deui perjalanan mapay mapay jalan, kaluar asup lorong. Beuki loba anu nyokot barang, beuki hampang tanggungan téh. Atuh alhamdulillah  jam satengah tilu beurang dagangan kuring geus béak. Aéh pikir kuring, geuning gampang nya néangan duit di Palembang téh, asal aya ka daék jeung ulah éraan, tangtu kapanggih hasilna.
Duit hasil uang muka téh disetorkeun ka toke bari mawa barang deui keur isuk mikul. Kitu jeung kitu baé dina jero 40 poé mah.
Satahun ti harita, pamajikan kuring  nyusul ka Palembang, mawa budak tilu, tadina mah wegaheun diajak pindah ka Palembang téh, pajar téh lebar bisi teu bisa pindah ngajar bari sieun teu diidinan ku atasanana pindah ka luar Jawa. 
Mimitina kuring nyéwa imah di kolong imah urang Palembang, tapi kuring mikir lamun terus cicing di dinya kumaha bisa ngadidik anak da di dinya téh daérah kumuh. Tilu bulan ti harita pindah ka Plaju, ngadeukeutan daérah kerja.
Atuh barudak disakolakeun di madrasah, tempat pamajikan ngajar, teu jauh ti imah kontrakan.
Kuring mikir deui hayang néangan gawé sambilan, da jualan kiridit téh geuning waktuna singkat pisan, jam dua beurang geus di imah. Kabeneran tatangga kuring boga radio amatir, Radio Gema Mutiara, kuring ditawaran mun daék bari ngiriditkeun téh bari mawa kupon pilihan pendengar, da harita mah ngan tina hasil kupon pilihan pendengar anu jadi panghasilan Radio amatir téh , malah salian ti éta, kuring dibéré kasempatan jadi penyiar lagu-lagu Sunda unggal malem rebo. Puguh waé kuring beuki sumangat, da geuning geus jadi penyiar téh tambah loba kawawuhan jeung nambah pangalaman.  Urang Sunda di Palembang ngarasa boga media hiburan silih kirim lagu jeung babanyolan di udara. Kuring beuki betah di Palembang téh asa loba baraya sanajan sawaréh mah ngan ukur nyaho ngaranna can panggih jeun jinisna da ngan ukur wawuh di udara wungkul, hal ieu moal kapanggih dilembur sorangan mah.
Geus loba kawawuhan kitu mah tambah loba langganan téh, saterusna kuring ditugaskeun néangan pamasang iklan keur nambah panghasilan radio.  Alhamdulillah pemilik radio téh percayaeun pisan ka kuring, karir kuring di radio tambah naék, jadi kepala bagian iklan, malahan sababaraha tahun kahareup kuring kapancén jadi pimpinan radio.
Keur nambah pangalaman jeung nambah panghasilan kuring kungsi kursus photograpi, bari ngiriditkeun téh kuring mamawa kaméra photo. Siga wartawan. Atuh geus loba kasibukan kitu mah jualan kiriditan téh ditugaskeun ka dulur-dulur anu pada daratang nyusul ka Palembang.
Diimah kontakan, kuring muka poto studio jeung  nyuci cetak foto. Alhamdulillah bisa meuli imah leutik.
Di Palembang anak kuring nambahan tilu, ngan hanjakal anu bungsu Luky maot dina  umur 2,5 tahun, jadi anak téh tinggal lima, kabéhanana lalaki. Kuring ngadidik anak téh sina diajar prihatin, siga Bapana anu pinuh ku kaprihatinan, bari sarakola téh maranéhna dititah sina marawa dagangan beunang indungna, saperti és buah atawa kuéh kuéh, dianteurkeun ka warung-warung, atawa diiderkeun bari urulin. Barudak anu lima téh alhamdulillah araya milikna, ti SD nepi ka Perguruan tinggi téh di sakola negeri, bari meunang béa siswa, jadi asa teu beurat ngabiayaan. Alhamdulillah sakolana taramat, anu cikal insinyur, tamatan Unsri, ayeuna jadi kontraktor di Pertamina, anu kadua tamatan Universitas Indonesia, kungsi meunang béa siswa sakola di luar negeri meunang gelar S2, ayeuna  jadi pengamat ékonomi Pasar Modal di Jakarta, jeung jadi dosen pascasarjana. Anu katilu sarjana ékonomi ti Unsri muka wirausaha di Bandung, anu ka opat sarjana tata boga IKIP Jakarta, kiprahna di bidang periklanan produk makanan, anu kalima sarjana sastra lulusan UI tapi hobina photographi meureun nurut bapana.
Ayeuna maranéhna geus papada mandiri, anu opat geus ngalaksanakeun ibadah haji jeung bojo bojona. Tinggal anu ka lima masih lalagasan.
Tahun 1999 kuring ngalaksanakeun ibadah haji  di ongkosan ku barudak, atuh kacida cikeruhna, kuring ceurik bari nganuhunkeun ka Allah Anu Maha Welas Asih yén kuring diparengkeun dipasihan budak anu saroléh. Meureun lamun teu ka Palembang mah pimanaeun bisa nyakolakeun anak.
Puncakna  taun 2001 kuring jeung pamajikan diparengkeun kapilih sarta diutus ngawakilan Propinsi  Sumatera Selatan  dikukuhkeun jadi KELUARGA SAKINAH ku Mentri Agama sareng Wakil Presiden di Istana Wakil Presiden di Jakarta.
Nu jadi lantaran pamilihan Keluaga Sakinah téh cenah, pédah kuring ti kulawarga basajan bisa ngawangun rumah tangga anu runtut raut sauyunan, bisa ngadidik jeung nyakolakeun anak nepi ka taramat, kabéhanana jadi sarjana, baroga gawé anu lumayan dina bidang masing masing jeung bisa ngongkosan indung bapana ngalaksanakeun ibadah haji. Atuh anu kaduana cenah yén kuring jeung pamajikan dipandang loba kagiatan kamasarakatan seperti ngawangun masjid jeung sagala kagiatannana, ngadirikeun TPA keur masarakat anu teu mampu, pernah ngasuh/ nyantuni anak anak yatim piatu, malah pamajikan mah kungsi dua kali jadi juara ka dua dina pamilihan “Ibu teladan”  sa kotamadya Palembang. Atuh kuring salila 15 tahun, (tilu kali pemilihan umum) kapeto jadi ketua RW di kalurahan 16 Ulu, itung itung pengabdian ka masarakat bari nitipkeun diri di lingkungan tempat tinggal.
Ya Alloh nuhun Gusti, kuring dipasihan kabagjaan anu teu aya papadana, ogé hatur nuhun ka sepuh sepuh anu parantos ngadua’keun, mugi-mugi aranjeuna dipasihan rohmat ku Alloh Swt. di alam barzahna, ditampi iman Islamna sareng dihapunten dosa dosana. Amin!***

Read more »

Minggu, 05 Mei 2013

Hj. Diah Nurwitasari, Dipl. Ing.,
Wanoja Sunda Ulah Gampang Katipu


Baheula mah pendidikan keur kaum wanoja téh kawatesanan. Tapi,  kiwari mah loba wanoja anu bisa sakola luhur. Malah, loba anu suksés dina rupa-rupa widang kaasup dina pulitik. Ngan, naha enya “wanita karir” téh loba nu ngabaé-baé urusan rumah tangga? Hj. Diah Nurwitasari, Dipl. Ing., ketua Komisi C DPRD Provinsi Jawa Barat medar pamendakna.
***

Kiwari wanoja  bisa ngigelan jaman. Manggung dina rupa-rupa widang, saperti pulitik. Tah, Hj. Diah Nurwitasari pulitisi Partai Keadilan Sejahtera (PKS), Ketua Komisi C DPRD Provinsi Jawa Barat, kaasup wanoja nu makalangan téh.
Ngawalan karirna ibu Diah kungsi nyekel kalungguhan jadi Aircraft Performance Engineer PT Dirgantara Indonesia. Ieu wanoja nu mémang keur jaman sakola kénéh geus kataji ku urusan kamasarakatan téh meunang beasiswa nyuprih élmu di sakola Teknik Penerbangan TU Braunschweig, Jerman jeung Teknik Perancangan Pesawat Terbang University of Applied Science Aachen, Jerman.
Salila nyuprih élmu di nagara deungeun loba pisan pangalaman anu ngajadikeun ibu Diah beuki sumanget dina neuleuman élmu agama.
“Upami di nagara urang mah jalmi solat téh tos biasa, tapi di nagara batur mah henteu kitu, upami aya nu netepan téh sok ditaros ‘naha anjeun netepan?’, kitu deui upami saum, sok aya nu naroskeun kunaon anjeun nyiksa manéh?” pokna mulangkeun panineungan.
Rengsé sakola di Jerman balik deui ka Bandung nuluykeun pancén gawé di PT. IPTN.
Taun 1997 téh keur jamanna sahéng Reformasi méh kabéh pausahaan kaancam bangkrut kaasup PT. IPTN (industri Pesawat Terbang Nusantara) ayeuna mah PT. DI (Dirgantara Indonesia) anu ngayakeun PHK Massal, tapi Hj. Diah mah teu kaasup daptar anu keuna ku PHK sabab aya ikatan dinas téa geus meunang beasiswa keur sakola. Tapi lantaran  menta “cuti di luar tanggungan” ku alesan milu carogé gawé di luar kota, tungtungna aya hiji putusan anu netepkeun yén anu ngajukeun cuti téh bakal ogé keuna ku aturan PHK. Inyana gé di-PHK taun 2002.
Taun 1998 ngadeg Partai Keadilan,sobat-sobatna anu baheula wanoh di Eropa tétéla ngagabung ogé di éta partey. Ku sabab ngarasa cocok jeung sapaham dina élmu da’wah jeung pribadina, ahirna ibu Diah ngagabung di Partai Keadilan sarta dipercaya jadi pengurus di tingkat Jawa Barat, harita mancén jadi pangurus widang kawanojaan.
Taun 2004 PKS méré amanat sangkan milu nyalon jadi anggota DPRD Provinsi Jawa Barat, harita kabagean di Dapil (Daerah Pemilihan) Jawa Barat 2 (Kabupaten Bandung – Kab. Bandung Barat) periode 2004 – 2009. Periode ayeuna (2009 – 2014) meunang amanat tur kapilih deui sarta dipercaya jadi Ketua Komisi C DPRD Jabar.
Komisi C salah sahiji pungsina nya éta nu aya patalina jeung urusan Pendapatan Daerah jeung BUMD (Badan Usaha Milik Daerah).
Kusabab ieu komisi téh nyepeng pasualan ngeunaan keuangan anu dipatalikeun jeung pendapatan utama nu panggedena tina sektor pajak jeung retribusi, nu jadi tangtangan pikeun Ibu Diah diantarana kumaha carana sangkan bisa ngaronjatkeun partisipasi masarakat ngeunaan pajak.
“Tapi ti pihak lembaga atawa institusi ogé kedah teras ditalingakeun dina hartos kedah masihan layanan anu saé ka masarakat. Misalna di kantor Samsat ulah aya calo sareng pungli utamina kedah adil ka para wajib pajak.” Ceuk ieu wakil ICMI (Ikatan Cendikiawan Muslim Indonesia) wilayah Jawa Barat teh.
Upama nilik kana BUMD anu dianggap geus bener tur karasa mangpaatna keur masarakat, nurutkeun ibu Diah ngan ukur hiji badan usaha nu karek bener téh.
“Di Jawa Barat ayeuna BUMD  anu tiasa disebat badan usaha anu “sehat” téh nembé BJB (bank Jabar Banten), nu sanésna mah masih kénéh binaan, pangawasan sareng peryogi di tata ulang atanapi dibebenah deui” pokna téh.
Taun 2010 dijieun pansus (panitia khusus) pikeun revitalisasi BUMD diantarana restrukturisasi, ngaganti menejmen, panataan deui sababaraha BUMD, mariksa bisnis plan, jeung kontrol.
“Saupamina diperyogikeun peraturan, pamarentah dina hal ieu DPRD tos siap kanggo nyusun Peraturan daerah, kumargi ngadegna BUMD téh tujuanana kanggo karaharjaan masarakat, hal ieu téh pangrojong dina séktor ekonomi, penyerapan tenaga kerja, sareng pendapatan asli daérah” ceuk Hj. Diah jéntré.
Mangle
Hj. Diah Nurwitasari, Dipl. Ing., (katuhu) sareng Ibu Imas Masyithoh ti PKB dina Rapat Kerja jeung Bank BJB Syariah

Nu jadi PR atawa pancén nu can réngsé pikeun Komisi C salah sahijina dina pasualan PD. Agribisnis jeung Pertambangan di daérah Tasikmalaya, Garut jeung Pangalengan.
“Pasualan ieu nuju dibebenah sareng ditata deui salah sawiosna badé ngadegkeun BUMD PT. Agro Jabar, kumargi Jawa Barat téh saleresna gaduh potensi dina widang Agribisnis anu ageung pisan” ceuk ieu garwa  Ir. H. Abdul Hadi Wijaya, MSc., nétélakeun.
BUMD séjénna nu keur dibebenah deui  saperti PT agronesia (BMC),  anu salawasna ditalingakeun dina mekarkeun industri kadaharan jeung inuman sangkan usahana efektif jeung ngahasilkeun produk anu kualitas.
“Udaganana dina PT. Agronesia ieu téh diantarana upami ditingal tina ‘multiplayer effect’, anu tétéla tiasa nyiptakeun lapangan kerja diluar BUMD. Hartosna para suplier atanapi pemasok bahan ka BMC ieu sacara henteu langsung muka lapangan kerja ka masarakat kumargi orderan atanapi padamelanana anu seueur tur meryogikeun padamel,”pokna ngajéntrékeun.
Lian ti éta Komisi C ogé nungkulan widang Penanaman modal asing atawa investasi anu patalina jeung Badan Koordinasi Penanaman Modal Daerah (BKPMD). Sacara intensif ngayakeun koordinasi kana program nu dilaksanakeun ku BKPMD ieu, ngaefektifkeun agenda promosi, ngarojong kana kabutuhanana dina promosi poténsi Jawa Barat, kumaha carana pamarentah daérah ngaakomodir pikeun promosi ka luar negeri, digampangkeuna prosés perijinan sangkan pihak luar gampang keur investasi di Jawa Barat.
Potensi Jawa Barat misalna pasualan geothermal kaasup anu dipromosikeun, diwangunna bandara internasional Kertajati nu memang butuh investor, pengolahan sampah regional, jeung mekarkeun séktor pariwisata nu keur digarap ku Komisi C.
Program komisi C, memang henteu sacara langsung antel jeung masarakat. Tapi leuwih kana urusan ngabebenah dina layanan publik, ngaronjatkeun pendapatan daerah ngaliwatan deviden BUMD, jeung program UMKM.
“Salah sawiosna aya program pamarentah anu ngalangkungan BJB nyaéta pamarentah ngaluarkeun program KCR atanapi Kredit Cinta Rakyat” ceuk Hj. Diah.
Kredit Cinta Rakyat ieu geus dikucurkeun anu gedéna 165 milyar, tur geus bisa dimangpaatkeun ku masarakat.
“Mudah-mudahan taun ayeuna aya tambihan deui dina ngamalirkeun dana supados masarakat tiasa langkung gampil dina akses permodalan” pokna pinuh harepan.
 
TKI Kudu Profesional
Patalina jeung karaharjaan jeung nasib wanoja di Jawa Barat, Hj. Diah Nurwitasari medar pamendakna.
“Kondisi wanoja di Jawa Barat kiwari masih loba pasualan,  antara anu suksés sareng anu “kajeblos” ku kondisi jaman,” ceuk ieu lulusan Studienkolleg Hannover, Jerman.
Nurutkeun  Hj. Diah loba wanoja anu neuleuman pagawéanana sarta usahana suksés kaasup jadi ibu rumah tangga anu ngalaksanakeun kawajibanana.
Di sisi séjénna ngarasa prihatin upama ningali para wanoja anu gampang kagoda ku perkara matéri anu ngabalukarkeun kudu ngorbankeun kulawarga.
“Upami wanoja dikalangan politik mah Alhamdulillah aranjeunna ibu-ibu anu merhatoskeun ka kulawargana. Tiasa ngatur waktos antara padamelan sareng kulawarga,” pokna.
Saperti  ibu Diah, satacanna terjun kana dunya politik praktis téh dibadamikeun heula jeung kulawarga nyaéta jeung carogé. Jadi saupamana aya hahalang atawa pasualan téh bisa disanghareupan jeung dibérésan babarengan.
Wanoja cerdas di Jawa Barat pohara lobana, “Seueur anu jantén doktor sareng professor,”  pokna téh.
Tapi nurutkeun Hj. Diah, Intelektual lain saukur ditingali tina IQ waé. Ieu pulitikus wanoja téh miharep sangkan wanoja di tatar Sunda téh ulah gampang katipu.
“Upami aya wanoja nu gampil katipu hartina aya anu ‘kirang’ dina diri anjeunna,” pokna deui.
Kaasup lobana wanoja anu milih gawé jadi TKW di nagara deungeun,  “Anjeunna kapaksa ngorbankeun putra sareng carogéna, sarengna deui tingkat resikona anu ageung kedah janten tinimbangan deui” ceuk ibu Diah pinuh kaprihatinan.
Pasualan TKW nurutkeun Hj. Diah Nurwitasari butuh cara ngungkulanana,  ti hulu nepi ka hilir.
“Pasualan ti hulu, kaum wanoja. Naon nu jadi udaganana jadi TKI téh? Ngempelkeun harta atanapi barokah kanggo kulawarga?” pokna téh.
Salah sahiji cara ngungkulan pasualan ieu nyaéta informasi ngeunaan tempat gawéna, kaasup perijinan anu sah atawa legal. Satuluyna sosialisasi, ningkatkeun kasadaran, kawaspadaan ka masarakat ngeunaan resiko jadi TKI anu ilegal.
Di sektor hilir, perelu  gawé bareng jeung aparat saperti kapolisian, pangawasan ka PJTKI ulah nepi katipu sarta dipastikeun supaya meunang béwara  jeung bekel pangarti anu cukup. “Ayeuna tos waktosna urang téh ulah ngirim TKI ngan ukur janten ‘badega’, tapi kudu ngirim TKI anu  profesional,” ceuk ieu wanoja nu kungsi jadi Dosen Non Organik di Sesko AD .
“Upami TKI nu janten pembantu tingkat rasikona ageung, kumargi upami ningal kana kultur jelas benten sareng di nagara urang. Tapi upami TKI anu damel profesional mah, damelna di institusi, interaksi ngan saukur di tempat damel sareng henteu lebet ka urusan kahirupan personal hiji kulawarga,” pokna deui.
Sok sanajan Hj. Diah Nurwitasari pancén gawéna di Komisi C, tapi ieu wanoja nu aktip di
Kaukus Perempuan Parlemen Jawa Barat téh aktip ngagelar kampanye jeung sosialisasi dina merjuangkeun ajén diri wanoja utamana dina ngawangun kulawarga anu kualitas.
“Sim kuring ayeuna nuju giat kampanye kanggo ngawujudkeun program “Keluarga Berkualitas”, ieu salah sahiji dédikasi abdi dina merjuangkeun ajén inajén wanoja, ngalebetkeun konsép Islam sareng bagian tina ibadah,” pokna.
Ieu wanoja nu kiwari nyepeng kalungguhan di DPP (Dewan Pimpinan Pusat) Jadi Ketua Departemen Perempuan di Bidang Wilayah Dakwah Banten, Jakarta jeung Jawa Barat téh terus dirojong ku caroge anu ogé jadi pangurus di DPP Jabar Bidang Pengembangan Ekonomi dan Kewirausahaan.
“Sim kuring tarékah ngalebetkeun konsép islam dina kulawarga, upami nyiar kifayah atanapi napkah henteu saukur kanggo kulawarga, tapi kumaha carana supados tiasa wakaf. Ulah dugi ka ngalahirkeun generasi anu lemah” Hj. Diah Nurwitasari, Dipl. Ing., mungkas wangkongan.***

Read more »

Sabtu, 04 Mei 2013

Waktuna Naur Jangji



      Pilihan gubernur (pilgub) lekasan. Nu boga hak pilih, geus nangtukeun pilihanana. Mikeun sora sakasuka.  Hasilna? Kari nungguan bulé-hideungna.  Nu jinek,  aya nu unggul aya nu asor. Memang, kitu téh ilahar naker.
       Pilgub, mémang penting! Tapi, nu leuwih penting mah sabadana.  Apan, tujuanana gé sangkan kahirupan mangsa datang leuwih hadé batan saméméhna. Hartina deuih, patalina jeung kapamingpinan Jabar mah, pilgub téh misti jadi jalan ngawujudna kapamingpinan Jawa Barat leuwih hadé.
Masarakat percaya,  ajén-inajén kapamingpinan téh penting pisan. Da, kawijakan nu ngocor ka rahayat gé ti dinya sunggapanana. Hartina, hadé-goréng ketak jeung paripolah pamingpin bakal karasa mangpaat ogé mamalana ku balaréa.
       Lima papasangan cagub/cawagub geus nembongkeun ketak jeung pakarepanana. Kitu téh tembong dina visi katut misina. Najan rupa-rupa ungkara basa, enas-enasna mah boga tujuan nu sarua, sangkan rahayat leuwih raharja.   Mun karaharjaan masarakat jadi tujuan, tangtuna saha waé nu kapilih teu  jadi sual. Nu penting,  éta  pamingpin mampuh jadi cukang lantaran karaharjaan masarakat Jawa Barat.  
Upama waktu kompanye nebar jangji. Rayat mah kari nagih. Nu kungsi diucapkeun ku cagub/cawagub, moal weléh natrat dina ingetan rayat. Ajén-inajén pamingpin gé, moal leupas tina kekecapan nu diomongkeunana. ***

Read more »

Pemprov Jabar Tatahar
Ngawangun Industri Pakan Ternak

Pamaréntah Provinsi Jawa Barat tatahar ngadegkeun Industri Pakan Ternak di Jawa Barat. Hal ieu minangka salah sahiji tarékah dina nungkulan lughurna harga daging hayam.
     Kepala Dinas Perindustrian dan Perdagangan Provinsi Jawa Barat, Ferry Sofwan Arif nétélakeun, kiwari pamaréntah provinsi keur nyusun rarancang dijieunna industri pakan ternak. Rencanana industri pakan ternak ieu bakal dikokolakeun ku PT. Agro Jabar anu ngarupakeun bagéan tina BUMD di Jawa Barat.
     "Saleresna pausahaan nu bakal ngokolakeun  industri pakan ternak ieu téh parantos aya, nyaéta salah sahiji BUMD Jabar. Tapi engkéna bakal di kokolakeun ku PT Agro Jabar, janten aya divisi husus anu nungkulan perkara ieu," pokna.
      Nurutkeun Ferry, ayana industri pakan ternak di Jawa Barat mangrupa hal anu penting. Salila ieu industri pakan ternak dicepeng ku para pangusaha gedé jeung pemilik modal asing. Ayana PT Agro Jabar salaku industri pakan ternak dipiharep bisa nyaimbangkeun harga di pasar. "Dipiharep ayana industri pakan ternak ieu tiasa janten salah sahiji alternatif kanggo nyaimbangkeun harga pakan ternak. Kumargi salami ieu harga pakan ternak diatur ku industri ageung," pokna deui.
     Harga pakan ternak mangaruhan pisan kana luhurna harga daging hayam. Upama harga pakan di tingkat industri naék, harga daging hayam di pasar bakal undak ogé. Hal ieu ngajadikeun peternak, bandar, jeung nu dagang ogé kawalahan.
      "Undakna harga daging hayam di pasaran dibalukarkeun ku pangaos pakan. Ieu téh teu tiasa disingkahan ku para peternak sareng padagang," ceuk Ferry deui.
      Kusabab kitu, ayana PT Agro Jabar minangka nu ngokolakeun industri pakan ternak di Jawa Barat, bisa dijadikeun alternatif pilihan dina meunangkeun pakan ternak anu murah.
Ngadegna industri pakan ternak Jawa Barat ieu masih dina prosés pembahasan Pemprov Jabar. Dipiharep bisa dioperasikeun sagancangna.
     "Perdana parantos aya, malih mah pancénna ogé parantos diatur. Mudah-mudahan saénggalna tiasa direalisasikeun," pokna. ***

Read more »

P2TP2A jeung Majelis Taklim
Nyegah Wanoja Katideresa

   Pusat Pelayanan Terpadu Pemberdayaan Perempuan dan Anak (P2TP2A) Jawa Barat ngupayakeun sangkan bisa nyingkahan aksi ‘trafficking’ (jual beuli awéwé). Salah sahiji carana sosialisasi ka masarakat patalina jeung bahaya trafficking nyaéta ngaliwatan majelis taklim.
   "Majelis taklim ngayakeun reformasi anu janten tempat munggaran konselor trafficking," ceuk Ketua P2TP2A, Netty Prastyani Heryawan nétélakeun. Nurutkeun Netty, cara kitu téh lantaran nilik kana jumlah majelis taklim di Jawa Barat nu pohara lobana. Engkéna, majelis taklim bakal nampung kasus trafficking nu satuluyna dilaporkeun ka P2TP2A. Majelis taklim ieu bakal efektif upama dijadikeun konselor trafficking. 
  
Cara kitu dipiharep bisa nyingkahan atawa ngurangan angka trafficking hususna di Jawa Barat. Taun 2010 nepi ka ayeuna, P2TP2A geus narima pasualan 255 kasus trafficking. Angka ieu teh di antarana, 200 kasus human trafficking ari nu 55 kasus asup kana daptar kasus ‘kekerasan’ rumah tangga. "Dumasar kana data di Polda Jabar mah, jumlah kasus trafficking téh seueurna 746 kasus," pokna. Netty ngarasa reueus ku sabab P2TP2A geus jadi lembaga rujukan masarakat pikeun ngalaporkeun kasus anu tumiba ka kaum wanoja. Hal ieu béda jeung taun 2008, ku sabab baheula mah can aya lembaga husus anu nungkulan kasus trafficking. 
   "Kapungkur mah proses advokasina sesah, tapi ayeuna, langkung kaorganisir," pokna deui. P2TP2A gawé bareng jeung Badan Pemberdayaan Ibu dan Anak Jabar bakal ngawangun Sentra Kesehatan Produksi dina taun ieu. Sentra ieu bakal méré pamahaman atawa pangarti patalina jeung kaséhatan reproduksi jeung seksualitas. Sentra Kesehatan Produksi ieu dibutuhkeun kusabab loba kénéh kajadian kasus perkosaan balukar tina pangarti kaum wanoja anu kawatesanan. Lembaga ieu bakal digarap ku SDM atawa patugas anu kadididik tur parigel anu asalna ti relawan rupa-rupa organisasi.***

Read more »

Kamis, 02 Mei 2013

Maribaya Mungkas Carita

Carpon Yogi Yogaswara Y

Ah tiiseun. Bi Inah jeung Mang Rustam wé batur pakumaha di Imah téh. Rajeun guder, ku nu paséa. Matak indit wé ah ka Maribaya, niiskeun pikir. Deukeut ieuh ah.
Anjog ka Maribaya téh hayang cacarita. Rék miceun ruruhit nu rangseb, nyuat kabingung nu galécok waé. Emh, langit gé rangkedung ceudeum, nyéahkeun peurah manceran nu kuduna karasa harita. Naha kapeurih téh tingbelesat waé? Teu wasa. Kuring teu wasa nyanghareupanana. Sugan wé Maribaya daék mairan. Ngabeberah rasa nu rangsak ngabangkarak. Ngubaran tatu nu raca salelembutan.
Gerentes mah haben jul-jol mapatahan, ngalelempeng tangtungan nu mo katahan nyimpangna. Haduh, kuring humarurung lebah Maribaya nu jangji rék népakeun bagja.  
Teuteup mah sieup. Bareng srog anjog ka Curug Omas. Lewangna karasa, ngan asa ngalenyap nunutur wirahma sora cai jeung nyelecepna hawa. Awak beueus, kacérétan cai nu sugan wakca, mukakeun jalan inditna kahariwang jeung katugenah nu ampeg nindihan.
Taya tangan pangawasa. Da kuring mah ukur budak. Budak nu kakara engeuh kana kahirupan dunya brana ngan satapak peucang. Naha maranéhna téh teu nempoeun kitu? Kuring nu sakitu butuh ku maranéhna. Ka mana? Unggal poé ngan anteng sorangan. Teu paduli ka kuring.
Nu ngaranna kolot mah kudu ngarti ka budak. Perhatian jeung kanyaah anu ku urang dipikabutuh mah, lain harta banda. Heueuh-heueuhna mah, usaha satékah polah ti isuk jedur nepi peuting téh keur kuring. Tapi, lain hartina mopohokeun kuring. Unggal poé tugur wahangan nunungguan indung jeung bapa balik téh, euweuh gunana. Dibohongan waé kuring téh.
“Muhun bageur, bunda wangsul siang kénéh. Antosan, teu kénging ka mana-mana nya!” kitu cenah bunda téh ngajangjian dina telepon.
  Ngajejengkruk, ti balik sakola mula. Usik malik lajag-lijig di imah, nu didadago téh bet angger teu datang. Mana, bohong deui-bohong deui geuning. Moal percaya deui kuring mah, kabéh gé saruana. Bapa mah komo tara nanya-nanya acan mun balik téh. Dianggap naon atuh kuring téh. Lain anakna kitu, atawa teu dipiharep ngagubrag ka dunya. Teu kaharti.
Anteng ngalangeu. Ngulampreng ngangon kaketir ati nu kokoléaban. Sagala karasa. Asa sorangan hirup téh. Boroning boga batur ngabudalkeun kasusah, jalma di imah gé geus teu paduli rék hirup rék maotna kuring.
Teuteup kuring kemba, ngan museur kana dangdaunan nu angkleung-angkleungan kabawa cai curug nu ngaguludag. Hayang téh palid cara daun, mun geus ngarangrangan mah muguran ninggalkeun tangkalna.
Pusing karasana. Rajeun aya di imah hayoh wé paraséa, paréa-réa omong kabeukina téh. Leuheung mun nu diomongkeun téh masalah urang. Tapi, da lain. Can kungsi ngolébat meureun ka kuring mah. Dur der téh ngan masalah salingkuhan wé. Unggal panggih, unggal paasrog di imah tara kaliwat. Matak teu anéh, nempo indung dicabok, diteunggeul ku bapa mah. Sakapeung sok tara téga, hayang teuing ngabéla. Ngan kaambek bapa nu ngabebela téh kadang nyieun kuring murengked. Sieun dikukumaha, da geuning kitu bapa mah mun geus ambek tara nempo saha nu disanghareupanana, jangji gabret waé neunggeul jeung nyabok téh.                                         
Heueuh da bapa kuring mah galak timburu. Teu kaop nempo indung babarengan jeung lalaki séjén. Padahal mah kapan bosna éta téh. Daék teu daék ari jadi sekretaris pribadi mah kitu meureun. Ka mana-mana gé kudu babarengan. Naha baheula diijinan atuh.
Kuring teu eureun-eureun ngagerendeng, ngabudalkeun kakeuheul jeung kahanjakal kana kaayaan kolot anu jiga kitu ayeuna. Beledag-beledag. Teu karasa leungeun kuring haben neunggeulan sasak luhureun curug. Haté campuh nahan kapeurih hirup. Ngolébat waé, mun bunda jeung bapa ngantep kuring. Inget waé, basa paraséa tuluy bunda dicabok ku bapa. Rarasaeun waé, mun di sakola sok ngalangeu sorangan. Euweuh batur cacarita jeung ngabudalkeun beban diri. Nyeri haté kuring mah. Gusti teu adil. Teu nyaaheun ka kuring. Kuring mah teu jiga batur nu hirupna pinuh ku mamanis jeung kasugemaan. Enya gé kuring beunghar tapi da teu bagja. Asana téh kurang wé mun kabéh jalma pangeusi imah jiga kitu. Beuki lila cicing di curug, ceuli téh asa ngadéngé gerendeng anu béda. Lain sora ngaguludagna curug. Tapi ieu sora teu biasa. Sora nu ngajak kuring ngajleng ka handap.
“Hayu Jang turun ka dieu tuturkeun aki! Di dieu mah bakal bagja teu cara di dunya.“ cék aki-aki maké baju bodas ngalangkang bari ngagupayan.
“Saha éta?” cék kuring bari ngagorowok da geuning aki téh lalaunan beuki turun ka handap.                   
“Hayu Jang ka dieu tuturkeun aki gancang! Hayu Jang!” Témbal aki bari terus ngagupayan.          
Sora téh beuki jauh kadéngéna. Beuki leutik, beuki leutik. Les wé tungtungna mah geus teu kadéngé deui. Ngan kari gupay aki-aki anu geus nugguan luhureun ngaguludagna cai.
“Geuning Si Aki téh bisa napak dina cai?” kuring ngalengo bari melong ka handap.
Panasaran. Raga téh asa kabetot hayang nuturkeun. Asa beuki anteb hayang turun lamun geus ngalengo ka handap téh. Asa aya tanaga anu nambahan nyurungkeun. Lengo deui asa sieun. Tapi hayang nuturkeun ka handap. Naék wé kuring téh kana pipinding sasak. Bareng rék ngalengo deui ka handap.
“Adénnn... Adén...ulah Adén ulah, kadé éta tikoséwad, aduhhhhh!” Aya sora gogorowokan bari tuturubun ti tungtung sasak.
Asa wawuh éta sora. Ana dilieuk. Aéh naha Mang Rustam nyusul ka dieu.
“Aya naon Mang?” Cék kuring ngagorowok.
“Éta Adén badé naon? Mamang lungsé yeuh lulumpatan nénéangan Adén.” Témbal Mang Rustam bari rénghap-ranjug.
“Keur naon atuh Mang ditétéangan, Bunda jeung Bapa gé teu paduli jiga Mamang ka kuring.” Témbal kuring bari umangkel nahan kakeuheul.
“Ulah kitu Dén, puguh ieu Bunda, Dén, Bundaa!” Cék Mang Rustam bari pepereket nyekel leungeun kuring.
“Naon lah Bunda Bunda, karep teuing Mang. Paling paséa deui nya? Bosen ah. Antep wé.”           
“Ké heula Dén ieu masalahna darurat, Ibu téh labuh tina tangga. Cék Bi Inah mah disurungkeun cenah ku Bapa pédah tadi paséa rongkah.” Mang Rustam ngadarégdég.
“Nu bener Mang? Si Panji goblog, paéhan geura ku aing.” Cék kuring bari keuheul.
“Atos lah ulah seueur saur dén, hayu urang mulang..”
“Hayu buru Mang.”
Kuring jeung Mang Rustam lumpat sakalumpat-lampét muru kana mobil di panto asup ka Maribaya. Teu sirikna rék ngelepek Mang Rustam mah, da mindo lulumpatan jiga kieu téh. Panto mobil ngagebrug, Mang Rustam ngaberung sangkan geura-geura nepi ka Imah.
***

Barang rék nepi ka Imah, haté campuh paselang jeung sedih. Komo pas nempo Mobil bodas kaluar ti gerbang Imah bari ngaguguik tarik mah. Ratug tutunggulan.
“Bunda, Mang, Bunda. Buru Mang tuturkeun, hayu buru!” Cék kuring bari humarurung.
“Muhun Dén. Tapi ké heula, geuning itu Bapa dikaléng ku  jalma maké baju dines coklat, diataékkeun kana mobil deuih Dén.”
Ana dirérét. Bener bapa téh aya nu mawa. Kuring tungkul nahan kapeurih.
“Naha kudu kieu kitu pungkasna?” Gerentes kuring bari ngeclakeun cimata.***
Pangrumasan, Maret 2013

Read more »

Senin, 29 April 2013

Moh. Jumhur Hidayat; Ngabebenah TKI
Sangkan Leuwih Boga Jatidiri


Mangle
Moh. Jumhur Hidayat [Potrét/Ilustasi: rudi]
Nasib TKI, pangpangna paraTKW di luar negeri mémang moal laas jadi carita balaréa. Jutaan TKI, pangpangna TKW ka luar negeri, mémang mawa nasib nu béda-béda. Aya nu raharja aya ogé nu tunggara. Ceuk Kepala BNP2TKI, Moh. Jumhur Hidayat dina salasahiji paguneman di statsiun tipi nasional, nu tunggara terus diungkulan, atuh nu raharja mémang eta nu diharepkeun. “BNP2TKI keur ngajalankeun tugasna, bakal terus bebenah, sangkan nu digarawé ka luar negeri leuwih boga jati diri.  Pangpangna kitu, tangtu nu dibutuhkeun téh nu boga élmu pangaweruh,” saurna jinek.
Salila ieu, cek Jumhur Hidayat ngurus nasib TKI mémang rupa-rupa jeung loba rambat kamaléna. Pangpana kitu, wajar pami aya pihak-pihak nu terus ngiritik. Tapi nu leuwih penting, pihak BNP2TKI moal gimir, moal sieun ku pihak nu hayang untung ladang énténg. Inyana satékah polah bakal ngabebenah amanat nagara sangkan merjuangkeun nasib TKI nu leuwih boga martabat. Kawijakan-kawijakan nu mihak ka rayat leutik, pangpangna ngajurung para TKI nu leuwih raharja. Contona waé, ti mimiti indit nepi ka mulang deui. Pangpangna di waktu mulang, ceuk Jumhur, éta loba pihak nu nganaha-naha, pajar teu adil jeung loba ngamangpaatkeun. Padahal, ceuk Jumhur, écés pisan, upaya BNP2TKI kiwari lain bihari. Nu rék mulang gé, teu ieuh dipapaksa komo dimangpaatkeun mah. Malahmandar, loba TKI nu ngarasa sugema ku palayanan BNP2TKI. “Jinek, kiwari nu rék mulang, bisa jalur mandiri. Tapi sanajan kitu, angger sangkan salamet nepi ka lemburna, kapercayaan ka travel BNP2TKI, mémang jadi harepan paraTKI. Kituna téh, luyu jeung perjuangan BNP2TKI ogé, nu euweuh deui paniatan sangkan pamaréntah bisa nyaluyuan jeung méré perlindungan TKI nu matak nyugemakeun,” saurna.
Anapon loba nu teu panuju jeung ngiritik, éta mah wajar. Lantaran cek Jumhur, mémang ngurus nasib TKI nu jutaan, pasti mawa nasib nu béda-béda. Tapi, nu penting mah BNP2TKI bakal nyieun kawijakan nu mihak kana karaharjaan TKI, ogé bakal wani nyanghareupan pihak-pihak nu rék ngamangpaatkeun perjuangan TKI gawé di luar negeri. “Saperti calo-calo, saeutik ogé ulah dibéré lolongkrang keur ngalakukeun kajahatanana,” cek Jumhur nu katelah Kang Dance téh.***

Read more »

Nu Gedé di Lembur Batur




Mangle
Seni angklung nanjeur di nagara-nagara deungeun 
    Seni angklung di Malaysia diajarkeun di sakola-sakola, Malaysia ogé ngayakeun pasanggiri angklung unggal taun. Kumaha di urang? Kitu deui urang Jepang bisa ngahirupkeun, ngamumulé  seni angklung. Teu anéh mun barudak sakola di Malaysia jeung Jepang motékar dina maénkeun angklung.
    Lain angklung waé nu di popohokeun ku urang Sunda, malah gamelan gé jadi asing keur generasi ngora mah. Nu anéh mah, kunaon seni ieu téh nanjeur di nagara-nagara deungeun. Urang-urang deungeun mupusti, ngamumulé ka seni urang. Malah sabalikna seni nu sorangan di tanggongan. Jadi mun loba kasenian uran nu diaku ku deungeun-dengeun, teu kudu ambek. Anggur urang introspéksi diri, na salila ieu urang merhatikeun kan banda sorangan? Cék para ahli mah, cenah krisis multidimensional kiwari téh kualatan bangsa urang geus teu ngupama jeung teu miroséa deui budayana sorangan. Ayeuna jati kasilih ku junti.
    Manggihan fakta nu pikaanéheun, di nagara Prancis salah sahiji nagara adi-daya dina widang tehnologi. Mun nilik kana sajarah jeung budaya mah teu apa patula-patalina jeung nagara Indonésia. Tapi anéhna bisa nempatkeun gamelan Sunda di tempat géngsi. Percaya atawa henteu Perancis kungsi ngabéwarakeun “Taun Gamelan 2002”. Ngarah gamelan nanjeur, pamarentah Prancis dina taun 2002/2003 milih musik gamelan jadi palajaran wajib di sakola-sakola.
    Musik gamelan mémang tempatna di oprea-oprea sandiwara, tongtonan-tontonan musik telepisi (saluran FR3) radio Prancis (France Culturea). Musik gamelan jadi musik instrumént di telepisi jeung radio di Prancis.
    Program musik gamelan di Prancis di mimitian di Musee d I home nu ayeuna sumebar ka Cite de I Musique, nyaéta komplek musik nu diwangun taun 1983 Pare de la Villette, kagiatan ieu di subsidi ku pamaréntah, waragadna kira-kira 16 milyar euro sataunna.
    Kitu deui di nagara Paman Sam, gamelan Sunda dipiwanoh ku para mahasiswa, atawa kalangan akademisi. Amerika Serikat mibanda 300 perangkat gamelan nu sumebar di sababaraha paguron. Jeung deui aya sakola husus nu neuleuman gamelan. Ti sajaba éta ogé USA ngirimkeun murid-murid pikeun neuleuman musik-musik tradisional ka Indonésia.
    Mr. Toni salah saurang donatur ti Hawai, ngabagikeun gamelan degung ka sababaraha paguron di Amerika Serikat, saperti paguron Pitsburgh, Georgia, Bates College, Cangon, Ohio, California. Malah Andrew dosén di Pitsburgh geus kabéngbat ku seni Sunda, cenah rék ngadegungkeun laras saléndro, pédah ari gamelan Jawa larasna salendro. Di Santa Cruz Univercity California, aya 120 mahasiswa ti rupa-rupa jurusan milu neuleuman gamelan Sunda. Malah Santa Cruz mah mindeng disebut “lemburn Sunda” pédah kuatna kana kasenian geus jadi Sunda. Nurutkeun para dosén, mahasiswa ti Barat datang ka Bandung pikeun neuleuman degung, “Ayeuna degung geus jadi perhatian urang Amerika, jeung degung ayeuna geus jauh ti urang Sunda.”
    Di Ustrali gamelan degung dipikaresep, malah Malbourne jeung Sydney mah geus aya grup degung. Di Ustrali néangan informasi ngeunaan kasundaan teu iyeuh susah, datang wéh cenah ka radio Bay di kota Byron Bay. Atawa bisa ngadatangan paguron-paguron luhur di Ustrali, informasi ngeunaan kasundaan lengkep pisan. Kitu deui néangan alat gamelan, di unggal paguron nyampak gamelan degung. Bandingkeun jeung di lembur sorangan, nyampak gamelan gé di gudang nu geus pacampur jeung barang-barang urut.
    Mun di tatar Sunda nu diajar degung téh réana ibu-ibu atawa gadis-gasid di lembur, di Ustralia nu diajar degung téh ti kalangan profesi saperti dokter, pangacara, akademisi, mahasiswa, pelajar. Pikeun urang Barat mah musik geus mangrupa kabutuhan. Teu paduli musik datangna ti nagara antarah barantah.
    Nu matak katajina, sikep deungeun-deungeun dina ngahargaan budaya urang, lain waé diajar neuleuman degung, wayang, tari sunda tapi ogé tambang Sunda. Maéstro tembang Sunda Euis Komariah di ulem ka sababaraha paguron di Amerika Serikat, bakat ku hayang pisan diajar tembang Sunda. Kajadian ieu asa can pernah di paguron di Indonésia.
    Ngan saukur di pirig ku kacapi indung,r incik, suling haleuang ibu Elis nepika tiasa nyirep panonton nu haladir, boh kalangan akademisi, pon kitu deui masarakat. Sanajan musik jeung tembang asing keur manéhna mah asing. Tapi musik tradisional ieu bisa nembres kana rasa nu universal. Malah ibu Elis ngadongéngkeun, aya istri di Sattle nepi ceurik balilihan. Bari pageuh nyepengan panangan ibu Elis, anjeuna nyarios, “Oh mam, my heart is broken.”
    Aya bungan pacampur jeung sedih, bungah pédah kasenian urang warisan karuhun bisa nanjeur di negri deungeun, sedih kunaon kasenian tradisional téh geus dipopohokeun ku urang Sundana sorangan. Kumaha mun isuk jaganing geto, dina buku sajarah aya hiji catetan nu nyebutkeun, Jawa Barat daérah nu sabagéan gedé dicicingan urang Sunda, beunghar ku budaya. Tapi kiwari geus euweuh dikieuna, lantaran urang Sundana geus teu resepeun kana budayana. Malah anak –incuna mun rék diajar neuleuman kasenian Sunda téh kudu ka Amerika Serikat, Ustrali, Eropa. Cag. ***

Read more »

‘Mitra Sunda’
Ti Perth Australia keur Kamekaran Sunda



Mangle
Silaturahmi “Mitra Sunda – Perth”, di Neil McDougall Park, Australia
    Dumuk di mancanagara, ka sarakan mah teu weléh tibelat. Nineung kana kaayaan lembur, sono ka dulur-dulur. Ngan, ku lantaran anggang, kapisahkeun ku jarak rébuan kilo méter, teu sing gampang nganteur katineung téh. Antukna, jorojoy aya kahayang, ngariung jeung dulur-dulur salembur, baraya sapangcikan rasa, saperti wargi-wargi Sunda di Perth, Australia Barat. Urang Sunda di dinya saterusna mah ngadegkeun paguyuban Mitra Sunda Perth Australia Barat nu aya di wewengkon Western Australia
    Mémang kitu ilaharna, samangsa-mangsa ngumpul gé, tepung jeung batur salembur gé lain saukur kabungah, tapi saterusna mah sok jadi dulur. Nu diobrolkeun gé museur kana kabiasaan-kabiasaan waktu di lembur sarakan Sunda kaasup dina masalah katuangan.
Pada Ngarojong
    Ceuk paribasa, ciri sabumi, cara sadésa. Urang Sunda gé ngarasa, boga ciri mandiri. Kituna téh sakumaha ogé nu jadi cukang lantaranan ngadegna Mitra Sunda Perth. Harita, mimitina waktu buka bersama, Bapa Suhendra – dosen di Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung, ngaalpukahan ngarojong urang Sunda dimana wé sangkan ngarasa pentingna paguyuban keur mageuhkeun duduluran jeung papada urang lembur Sunda. Pangrojong kitu, ahirna loba nu ngabagéakeun deui ti wargi-wargi séjénna.
    Lantaran miang tina rasa duduluran, ahirna sapuk ngadegkeun paguyuban urang Sunda di Perth. Programna gé harita langsung ngumpulkeun data urang Sunda nu aya di Perth, boh nu asalna ti Jawa Barat boh nu Banten.
    Sababaraha kagiatan Mitra Sunda Perth di antarana ngayakeun silaturrahmi. Saperti harita, tanggal 16 Maret 2013, silaturahmi téh euyeub naker, lantaran di Perth waé, singhoréng loba urang Sunda, kaasup harita meunang pangbagéa ti Bapa Dede Syamsuri, Konjen KJRI (Konsulat Jenderal Republik Indonesia) Australia Barat. Dina biantarana, Pa Dede ngarojong pisan kana ngadegna “:Mitra Sunda – Perth” keur ngaraketkeun tali mimitran di antara warga Indonesia, hususna urang Sunda nu darumuk di Perth, umumna mah di wewengkon Australia Barat.
    Ieu pakumpulan “Mitra Sunda – Perth” ahirna manjangkeun lalakon. Anggotana gé jul-jol ti rupa-rupa profesi; aya mahasiswa, permanent residence (penduduk tetep lain warga nagara), ogé urang Sunda nu geus jadi warga nagara Australia tapi masih nineung tur micinta Ki Sunda. Anggota “Mitra Sunda – Perth” ogé lain saukur pituin urang Sunda, tapi ogé ti sababaraha urang “lembur batur” nu micinta Ki Sunda. Sababaraha program maneuhna, di antarana ngadegkeun media komunikasi anggota mailing list; olah raga, hususna maénbal jeung polibal; silih anjangan; piknik bareng; publikasi dina media massa; silih tukeur élmu mintonkeun seni Sunda, kasehatan, pendidikan, teknologi, wirausaha, jeung sajabana.
    Mekarna Mitra Sunda Perth loba nu ngarojong jeung gedé harepan. Kituna téh sangkan terus mekar jadi panyangreud tali silaturrahim jeung mageuhan katineung ka lemburna, tatar Pasundan.***

Read more »

Selasa, 23 April 2013

Meungkeut Tali Mimitran
Ngaliwatan Iket Sunda

Iket Sunda téh hasil karancagéan karuhun. Biasa  dipaké keur nututupan sirah.  Dijieun tina batik atawa lawon polos pasagi opat. 
Baheula, iket téh lain sakadar tutup sirah, tapi ogé keur nyingkahan rupa-rupa gangguan roh jahat.  Wangun jeung rupana  ngabogaan palsapah jeung harti anu mandiri. Kiwari iket mimiti loba diparaké deui boh ku para inohong boh ku masarakat biasa. Ilaharna barang-barang tradisional nu séjénna wangun segi opat dina iket sarta pola-pola atawa cara makéna tangtuna gé boga harti atawa palsapah luyu jeung modél iket nu dipakéna. Modél-modél iket kitu loba pisan di antarana saperti iket barangbang semplak, parékos, atawa porténg jsb.
Rupa-rupa iket diantarana waé nyaéta;
- Barangbang semplak, iket  ieu disebut barangbang (palapah kalapa).  Culana méh nutupan panon. Bagéan luhurna kabuka (kaciri rambut). Biasana iket modél ieu dipaké ku para jawara.
- Julang ngapak, wangun iket ieu saperti jangjang manuk nu keur hiber. Dipaké ku para sesepuh
- Kékéongan (di Banten sok disebut borongsong kéong), wangunna saperti kéong.
- Kuda ngencar, iket nu culana ditukang, ngampléh ka handap. Bagian tungtungna naék ka luhur.
- Maung heuay, wangun iket ieu saperti maung nu keur calangap.
- Parekos nangka, iket nu ieu kawilang basajan. Biasana dipaké ku masarakat umum.
- Porténg, iket culana aya di hareup jeung tungtung kaénna digulung ka tukang.
- Talingkup, iket culana ti mimiti tarang nepi ka nutupan sabeulah mata.
Abah Ilin Dasyah, kasepuhan kampung adat Cikondang nyebutkeun iket téh hartina  ‘sa-iket-an’, sabeungkeutan. Hartina, sabeungkeutan dina kahirupan sapopoe, kabijakan. Harti sacara fisik nyaéta nutup sirah tapi harti séjénna nyaéta nutupan jeung ngajaga sirah sacara batiniah (mustika na jero sirah). Di Kampung Adat Cikondang, henteu dibedakeun boh dina motif boh dina corak iket, Kuncén, kepala Adat, atawa  sesepuh bebas pikeun milih atawa maké iket nu mana waé, sarta euweuh iket husus dina prak-prakanana. Tapi dina pamakéanana  kudu luyu  jeung  wancina atawa waktuna. Saperti; kopéah dipaké dina wanci masamoan ka para tamu (umum), Iket dipaké dina wanci masamoan keur urusan adat saperti Sérén taun, Mitembeyan, tandur, dibuat, hajat solokan, hajat  paaralon, hajat lembur, jsb.
Distro Sunda
Dina ngamumule titinggal budaya karuhun rupa-rupa pisan cara nu dipaké dina mangsa kiwari. Salah sahijina aya Komunitas Iket Sunda. Éta komunitas téh diluluguan  ku Agus Roche. Tujuanana, ngamumulé jeung ngamasarakatkeun iket ka balaréa sarta meungkeut tali silaturahmi urang Sunda dimana waé ayana.
“Ngawitan kataji ku iket téh waktos nuju sering tepang sareng kang Oca (Roza Mintaredja), anjeuna salawasna teu weléh sok nganggé iket waé” ceuk Agus nétélakeun.
Ti dinya Agus Roche mimiti diajar nyieun iket-iket kasundaan sababaraha modél iket dicobaan, anu ngajarkeunana teh ibuna kang Roza. Nya ti harita pisan Agus mokalan nyieun iket anu gampang tur basajan. Dingaranan ‘iket praktis’, nyaéta iket nu geus dikaput jeung tinggal dipaké teu kudu dibeulat-beulit deui.
KIS atawa Komunitas Iket Sunda ngadeg ping 5 Nopember 2011. Éta komunitas geus remen ilubiung dina sababaraha kagiatan kasundaan. KIS milu  kagiatan Moka Jabar, Sosialisasi Iket Sunda, car free day kaasup kagiatan lembaga pamarentahan nu sipatna para pajabat nu rék maké iket, komunitas iket Sunda salawasna hadir pikeun sosialisasi jeung jadi “tukang ngiket” para pajabat saperti gubernur jeung wakil gubernur nu memang dina sababaraha kagiatan kudu maké iket Sunda.
“Malih mah dina sababaraha acara, sim kuring saparakanca kadang sok masihan heula pelatihan atanapi ngajarkeun heula kumaha cara ngadamel iket” ceuk ieu pupuhu Komunitas Iket Sunda.
Dina ngumpulkeun kaanggotaanana Komunitas Iket Sunda ngamangpaatkeun situs “jejaring sosial” facebook. “Alhamdulillah member KIS ayeuna tos dugi ka 1486 anggota, tapi teu sadaya anggota aktif da seueur ogé anu di luar Bandung” ceuk Agus ngécéskeun.
Ku ayana Komunitas Iket Sunda,  dipiharep bisa jadi panggeuing ka generasi ngora dina ngamumulé budaya lokal hususna iket Sunda.
“Upami urang amengan ka Bali, méh sadaya urang Bali ngaranggé iket adat. Tah, sim kuring gaduh emutan, piraku urang teu tiasa  ngamumule budaya Sunda, sapertos iket,” pokna deui.
Memang kiwari geus mimiti loba kaum rumaja nu maraké iket, boh dina unggal pagelaran atawa nu dipaké keur sapopoé. Ku ayana Komunitas Iket Sunda ieu dipiharep bisa ngamekarkeun tur ngamumulé budaya lokal.
Keur kahareupna Komunitas Iket Sunda boga udagan sangkan bisa ngadegkeun musieum nu lain ngan saukur mamérkeun rupa-rupa iket waé tapi jeung palsapah oge sajarahna.
“Mudah-mudahan aya pangrojong ti pamarentah kanggo udagan ieu” Agus pinuh harepan.
Kiwari ramé pisan ngaradeg distro-distro di Bandung nu ngajualan rupa-rupa baju jeung nu séjénna. Agus ngarasa hayang ogé boga distro tapi konsépna nu béda jeung distro séjén. Nya ahirna ngadegkeun distro Sunda, distro ieu mimitina ngadeg mawa konsep kasundaan tur hayang ngangkat umumna produk-produk kasundaan kaasup ngajual rupa-rupa jinis iket.
Tina sakitu lobana model jeung jinis iket. Agus Roche minangka ti Komunitas Iket Sunda ngabagi jadi 4 golongan iket, diantarana:
1. Iket Buhun, nyaéta iket nu biasa dipaké ku kampung adat.
2. Iket Rékaan nyaéta iket jieunan téa.
3. Iket Praktis nyaéta iket nu geus dikaput sarta praktis tinggal dipaké (biasana dipaké ku nu can ngarti jeung bisa cara nyieun iket)
4. Iket Wanoja Sunda nyaéta iket tina karémbong atawa sabangsana nu dipaké ku wanoja (ieu mah iket husus rékaan atawa jieunan Komunitas Iket Sunda).
Husus iket wanoja can pati mekar. Ku kituna, ceuk Agus,  butuh pangrojong ti para kasepuhan jeung para wanoja Sunda.
Nurutkeun Agus,  nu maraké iket téh lain ngan saukur maké wungkul, tapi dipiharep kahareupna kudu aya pangaruh kana pasipatanana, misalna, wanoh kana palsapahna.
“Ulah éra makéna, da éta téh salah sahiji cicirén budaya Sunda,” pokna.***

Read more »

Jumat, 25 Januari 2013

RAJAH BUBUKA

lain ngusik ula mandina
lain ngahudang macan turunna
lain ngungkit nu kamari
lain ngungkap nu baheula
rek ngaguar tutungkusan karuhun


amit ampun nya paralun
ka gusti nu maha Agung
ka nabi anu linuhung
Muhammad anu jinunjung
rahmat sapa'at kasuhun
simkuring neda papayung


ka luruh neda papayung
papayung nu maha Agung
ka handap neda pang raksa
pang raksa nu maha Kawasa
kaler kulon kidul wetan
mugi di aping di jaring



ti luhur ti karuhun ti buyut ti nini aki
nu nurunkeun kabudayaan
degung pantun tembang kawih
ieu abdi sadayana
seja ngaraksa mupusti
seja ngaraksa mupusti



amit kanu mangku lembur
kanu nyungsi dinu sepi
nu keur genah tumaninah
bisi ka usik keur calik
ka langkah kal liliwatan
neda agung nya haksami
ka langkah kal liliwatan
neda agung nya haksami

***

 

ahung ahung ahung ahung , guru iman guru putih
iman putih lalakina nuhun di ijabna bubuana dipareng
ku rarangtapa hanceuk cihaliwung cihaliwung
nyakiduleun cisadane nyakaler belah cipakancilan
nunjah ka salengpakujanohong kasalehgohgowong
kamuara tongjawa miguru ka ujung guru ujung guru
para bukit para bukit di garwangi mandala sura dipati
arindit aringah kasangiang padungkukan  pakuan
pakudiranca cag poe ieu peuting ieu  ….

Read more »